Warga Heraneun, dina Nelesan di Desa Nagarapageuh Kabupaten Ciamis, Banda Budaya Diberesihan ku Urang Luar

- 25 September 2023, 12:30 WIB
Gebyar Budaya Nelesan di Desa Nagarapageuh, Kecamatan Panawangan, Kabupaten Ciamis, banda budaya milik Desa Nagarapageuh dikumbah ku urang luar.
Gebyar Budaya Nelesan di Desa Nagarapageuh, Kecamatan Panawangan, Kabupaten Ciamis, banda budaya milik Desa Nagarapageuh dikumbah ku urang luar. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID –Umumna ritual meresihan banda budaya sok dilaksanakeun ku komunitas nu aya patalina jeung eta banda budaya. Nyangku di Panjalu, upamana, anu ngalaksanakeunana teh rundayan Prabu Borosngora.

Ari di Desa Nagarapageuh Kecamatan Panawangan Kabupaten Ciamis dina ritual Nelesan, ngaberesihan banda budaya bogana Desa Nagarapageuh, Ahad, 24 Ahad 2023, anu loba biantara sarta nu meresihan banda budaya teh urang luar Desa Nagarapageuh: lalaki nu make baju gaya Mataram (Yogyakarta).

Warga rea nu teu warawuheun ka eta lalaki nu nempatkeun dirina jadi tokoh sentral dina Nelesan harita teh. Inyana ngakuna mah Duta Pariwisata Jawa Barat. Ngahaja datang ka Nagarapageuh pikeun ngahudangkeun pariwisata jeung ekonomi kreatif.

Baca Juga: Gebyar Budaya Nelesan di Desa Nagarapageuh, Panawangan, Ciamis, Taya Opak jeung Kupat

Yoyo Suparyo, SE, Kuwu Nagarapageuh, nyebutkeun ngaran eta lalaki teh Mukhlis, ti Dinas Lingkungan Hidup (DLH) Provinsi Jawa Barat. Kantor DLH Jawa Barat di Jalan Kawaluyaan Indah Raya No. 6 Soekarno Hatta - Bandung Gedung BPKAD Lante 6.

Patalekanana: mun enya karyawan DLH Provinsi Jawa Barat naha make baju gaya Mataram? Ka Galura basa diajak ngawangkong inyana nyebutkeun kalan-kalan cicing di Bandung kalan-kalan di Yogyakarta.

Salasahiji tokoh budaya di Desa Nagarapageuh, Nanang nyebutkeun Mukhlis taun kamari oge jadi tokoh sentral dina Nelesan. Mindeng ka Desa Nagarapageuh dua taun katompernakeun.

Leupas tina soal eta, masarakat Desa Nagarapageuh miharep taun engke anu ngalaksanakeun ritual meresihan banda budaya milik Desa Nagarapageuh teh urang Desa Nagarapageuh, lain urang luar Nagarapageuh.

Baca Juga: Salasahiji Kadaharan dina Gebyar Budaya Lesehan Desa Nagarapageuh Ciamis: Omen, Olahan tina Sampeu

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah