GALURA CO.ID -Dina Gebyar Budaya Nelesan di Desa Nagarapageuh, Kecamatan Panawangan, Kabupaten Ciamis, Ahad, 24 September 2023, tamu ondangan di antarana disuguhan tumpeng jeung sangu koneng.
Tumpengna aya dua rupa: tumpeng biasa nu dijieun tina beas bodas, jeung tumpeng omen. Tumpeng omen? "Omen bahanna sampeu, sajenis sareng oyek," ceuk Wiwin nu jadi panitia Gebyar Budaya Nelesan Desa Nagarapageuh.
Omen dijieun tina gaplek. Sampeu dipasian aripis terus dikeueum meunang sapeuting, ti dinya dipoe tepi ka garing. Sanggeus garing ditutu tepi ka lembut sagede-gede beunyeur, diasakanana kawas ngasakan beas sarta bisa dijieun tumpeng.
Wiwin nyebutkeun anu disebut oyek mah sampeuna diparud terus dipeureut tepi ka acina kaluar. Meunang meureut, dipoe tepi ka garing. Diasakanana biasana dicampur jeung kalapa meunang marud.
Omen jeung oyek najan sarua olahan sampeu, rasana beda lantaran ngolahna teu sarua. Omen leuwih karasa lemes jeung pulen. Ari oyek mah umumna bear tapi hipu.
Omen salian ti bisa disangu oge bisa dijieun kadaharan olahan sejenna. Upamana djieun comro jeung sajabana.
Baca Juga: Gebyar Budaya Nelesan di Desa Nagarapageuh, Panawangan, Ciamis, Taya Opak jeung Kupat
Oyek jeung omen saenyana bisa dijadikeun bahan pangan alternatif gaganti beas. Ngan hanjakal warga anu ngonsumsi oyek atawa omen sok digolongkeun kakurangan pangan. Padahal anu penting mah deungeun sanguna.
Dahar sangu bari deungeunna ukur mie instan, ceuk elmu gizi mah eta teh teu hade lantaran taya proteinna. Mie jeung sangu sarua karbohidrat.