Gebyar Budaya Nelesan di Desa Nagarapageuh, Panawangan, Ciamis, Taya Opak jeung Kupat

- 24 September 2023, 14:09 WIB
Stand dina Gebyar Budaya, 24 September 2023, nu di antarana keur ngahudangkeun ekonomi kreatif henteu nyayagikeun kuliner has Nagarapageuh, di antarana opak ketan.
Stand dina Gebyar Budaya, 24 September 2023, nu di antarana keur ngahudangkeun ekonomi kreatif henteu nyayagikeun kuliner has Nagarapageuh, di antarana opak ketan. /Nanang S/Galura co.id


GALURA CO.ID -Desa Nagarapageuh, Kecamatan Panawangan, Kabupaten Ciamis, Ahad, 7 Mulud meneran tanggal 24 September 2023, ngagelar Gebyar Budaya Nelesan, meresihan barang pusaka nu dipibanda ku Desa Nagarapageuh.

Gebyar Budaya Nelesan di Desa Nagarapageuh taun ieu geus kadua kalina. Munggaran dilaksanakeun taun 2022. Ceuk panitia, Gebyar Budaya Nelasan udaganana keur ngahudangkeun wisata jeung ekonomi kreatif.

Di Desa Nagarapageuh aya patilasan nu geus diaku cagar budaya. Titinggal jaman megalitikum jeung sejarah. Malah dina legendana mah aya patalina jeung Walangsungsang, Larasantang, jeung Rajasagara

Baca Juga: Taun 2024 Disbudpora Kabupaten Ciamis bakal Ngusulkeun Hajat Bumi Cariu jadi WBTB Jawa Barat

Rajasagara henteu terus milu ka Cirebon, sarta ngadegkeun karajaan di Nagarapageuh. Karajaanana jadi bawahan Pajajaran. Tina kituna kalungguhan Rajasagara diaku ku Prabu Siliwangi atawa Sri Baduga Maharaja.

Barang-barang pusaka dipibanda ku Desa Nagarapageuh tacan ditalungtik ku ahli metalurgi: titinggal taun sabaraha atawa abad taun sabaraha atawa jieunan abad beh dieu.

Tadina ngaberesihan pusaka titinggal luluhur Desa Nagarapageuh teh henteu puguh waktuna, henteu kudu bulan Mulud wae. Ieu luyu jeung budaya Sunda nu meresihan barang pusaka henteu diritualkeun.

Ku sabab dianggap gede pisan potensi wisatana, nya dijieun acara nu meh teu beda jeung Nyangku di Panjalu jeung Panjang Jimat di Cirebon.

Baca Juga: Situs Budaya Raksabumi Cikangkung Ciamis Ngagelar Muludan, Pentas Seni Islami jeung Santunan Yatim Piatu

Gebyar Budaya Nelesan oge udaganana keur ngahudangkeun ekonomi kreatif. Ngan dina stand nu ngeuyeuban acara, taya nu ngajual opak ketan. Kitu deui lalawuh susuguh tamu. Padahal bareto mah opak ketan ti Nagarapageuh teh kasohor.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x