Situs Budaya Raksabumi Cikangkung Ciamis Ngagelar Muludan, Pentas Seni Islami jeung Santunan Yatim Piatu

- 21 September 2023, 19:00 WIB
Situs Budaya Pasir Raksabumi di Cikangkung Desa Sindangsari Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis.
Situs Budaya Pasir Raksabumi di Cikangkung Desa Sindangsari Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis. /Nanang S/galura.co.id

GALURA CO.ID -Situs Budaya Pasir Raksabumi di Kampung Cikangkung, Desa Sindangsari, Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat dina Rebo, 27 September 2023, ngagelar muludan.

“Jejer acarana teh Haul Dulur Raksa, Muludan di Gunung Sawal,” ceuk Ki Suba, kuncen Pasir Raksabumi. Ngaran Gunung Sawal dibabawa lantaran Pasir Raksabumi pernahna di tutugan Gunung Sawal.

Kagiatanana di antarana pentas seni islami, dieusian ku Adi Halimun, pangarang lagu nu nganggit lagu Raksabumi, jeung Wayang Golek Daway (Dakwah Wayang) jeung tawasulan.

Baca Juga: Hj.Kania Ernawati Leuwih ti Payus Dicalonkeun Jadi Bupati Ciamis

“Kajabi ti eta aya santunan kanggo murangkalih yatim jeung kaum dhufa, jumlah nu pasihan santunan teh 100 urang,” ceuk Ki Suba. Inyana nyebutkeun masarakat bisa ngaluuhan acara.

Di Pasir Raksabumi aya situs budaya, lingga yoni jeung makam kuna. Dipercaya Pasir Raksbumi dipake tempat meuseuh raja-raja Galuh waktu puseur Karajaan Galuh di Kawali.

Ditutugan Pasir Raksabumi ngampar pasawahan nu tadina situ. Ngaran situna teh Cipatahunan. Situ atawa walungan Cipatuhanan atawa Sipatuhan nandakan eta situ atawa walungan tadina mibanda kalungguhan nu mandiri mungguh Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda.

Ti Alun-alun Surawisesa Kawali, Pasir Raksabumi anggangna kurang leuwih sakilometer satengah. Ti Alun-alun Surawisesa make Jalan Poronggol Raya, diparapatan memeh Astana Gede Kawali mengkol ka katuhu.

Ti dieu mah terus wae ngulon, jalanna nanjak jeung pungkal-pengkol. Kandaraan, boh motor boh mobil bisa ditunda di Cikangkung. Ti dieu leumpang mapay jalan desa, terus naek ka Pasir Raksabumi.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah