Hj.Kania Ernawati Leuwih ti Payus Dicalonkeun Jadi Bupati Ciamis

- 16 September 2023, 20:24 WIB
Hj Kania Ernawati (katilu ti kenca) ngaluuhan ondangan Erlan Bahtiar nu dumuk di Banjarsari Kabupaten Ciamis (14/09/2023).
Hj Kania Ernawati (katilu ti kenca) ngaluuhan ondangan Erlan Bahtiar nu dumuk di Banjarsari Kabupaten Ciamis (14/09/2023). /Nanang S/galura.co.id


GALURA.CO.ID - Ti mimiti ngadeg Kabupaten Galuh terus dirobah jadi Kabupaten Kabupaten Ciamis tepi ka danget ieu bupatina tacan kungsi dijabat ku wanoja. Ayeuna nu bisa dianggap bisa dijadikeun wanoja munggaran ngajabat bupati Ciamis teh Hj Kania Ernawati.

Hj Kania Ernawati teh istrina Bupati Ciamis nu ayeuna, Herdiat Sunarya, nu bakal purna tugas April 2024 engke. Hj Kania Ernawati, alumni SMAN 1 Kawali tahun 1987, mibanda pangalaman nu leuwih ti cukup di birokrasi.

Lian ti eta Hj Kania Ernawati dianggap mibanda sifat Sunan Ambu sakumaha dicaritakeun dina carita pantun Lutung Kasarung: darehdeh sarta paromanana teu weleh nembongkeun aura marahmay najan sakumaha sibukna.

Baca Juga: Diluuhan ku Kadis P2KBP3A Ciamis jeung ku Camat Cipaku, Gempungan Budaya di Sawah Nusa Selacai

Hj Kania Ernawati oge mibanda solidaritas nu hade. Contona, mun aya alumni SMAN 1 Kawali saangkatanana, taun 1987, hajat sarta ngondang, sok datang wae. Saperti anyar keneh ngaluuhan ondangan Erlan Bahtiar, guru SMPN 1 Kalipucang Pangandaran.

Erlan, sarua alumni SMAN 1 Kawali taun 1987, dumukna di Purwasari, Kecamatan Banjarsari, ngadahupkeun siwina, Saptu, 16 September 2023. Hj Kania Ernawati ku sabab aya acara sejen, nohonan ondangan ti Erlan teh Kemis, 14 September 2023 bareng jeung ibu Sekda Ciamis.

Lain ukur nungkulan resepsi koleha-kolehana, tapi oge nungkulan kagiatan-kagiatan sejenna, boh nu aya patalina jeung kalungguhanana di birokrasi, boh nu di luar birokrasi. Upamana majelis ta'lim, kagiatan sosial jeung sajabana.

Hj Kania Ernawati ku masarakat Kabupaten Ciamis geus dipiwanoh pisan. Lain ukur pedah istri bupati, tapi oge pedah ku akuanana. Jadi, mun dicalonkeun pibupatieun Kabupaten Ciamis teh payus pisan.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah