Keur Leuwih Ngaronjatkeun Kualitas Lulusanana, SMK PGRI 1 Cimahi Gawe Bareng jeung Pauasahan Swasta

- 26 September 2023, 18:00 WIB
Gedong SMK PGRI 1 Cimahi. Pikeun leuwih nrgaronjatkeun kualitas lulusanana gawe bareng jeung pausahaan swasta.
Gedong SMK PGRI 1 Cimahi. Pikeun leuwih nrgaronjatkeun kualitas lulusanana gawe bareng jeung pausahaan swasta. /Tetti/galura.co.id

GARUDA.CO.ID -SMK PGRI 1 Cimahi ngadeg taun 1975, ku alpukah sabagian Guru SMK Negeri XI Bandung. Malahan harita mah tempat diajarna ogé di SMKN XI, di Jalan Budhi, Bandung. Mimitina mah ngaranna téh SMEA PGRI 1 Cimahi. Taun 1990 karék boga wangunan sakola sorangan, lokasina di Jalan Terusan  Gg. Karya, Desa Citeureup, Kacamatan Cimahi Utara, Kota Cimahi, Jawa Barat.

Kepala  SMK PGRI 1 Cimahi Agus Budi Karyana, S.Pd. M.M., nétélakeun  SMK PGRI 1 Cimahi mibanda udagan sangkan jadi SMK unggulan dina widang studi kaahlian bisnis, manajemen, teknologi informasi jeung komunikasi sarta mampu nyiptakeun generasi bangsa nu iman jeung takwa ka Allah Subhanahu Wata'ala.

Pikeun ngahontal éta udagan, dina pangajaran agama Islam siswa dididik tahfidz Qur'an, ngahaja ngadatangkeun guru ngaji dosén tahfidz ti Unisba. Program studi nu dibibandana: Pengembangan Perangkat Lunak Gim (PPLG), Akuntansi Keuangan Lembaga (AKL), Manajemén Perkantoran dan Layanan Bisnis (MPLB), Bisnis Daring dan Pemasaran (BDP).

Baca Juga: Mubes POM SAQ Nur Madani 2023, Ngaronjatkeun Kétak Organisasi pikeun Ngarojong Kamajuan Siswa jeung Sakola

Di jurusan PPLG,  siswa dibekelan pangaweruh ngeunaan perangkat lunak komputer jeung gim, diantarana diajar nyiptakeun kaulinan maké perangkat komputer. Dina praktékna sakola ngayakeun rukun gawé jeung CV. Hexamedia.

Siswa nu milih jurusan AKL nyuprih élmu ngeunaan pembukuan perusahaan jasa katut perusahaan dagang. Jurusan nu ieu mah gawé barengna téh jeung Perguruan Tinggi Politeknik TEDC. Pikeun siswa didik jurusan MPLB, dibéré pangaweruh ngeunaan persuratan, ngaarsipkeun, diajar ngatur rapat, jeung kaweruh nu patali jeung kesekretariatan.

Dina waktuna uji kompetensi, sakola ngayakeun gawé bareng jeung Ikatan Sekretaris Indonesia (ISI). Sedengkeun siswa nu aya di jurusan BDP mah neuleuman élmu nu patali jeung masang etalaseu, ngajual produk, nyiptakeun kemasan produk, ngoperasikeun mesin kasir, katut rupa-rupa paga­wéan nu patali jeung usaha daring.

Dina waktuna  ujian kompetensi, pihak sakola gawé bareng jeung Borma Departemen Store.  Ceuk Agus, aya tilu cara rukun gawé SMK PGRI jeung pihak luar. Kahiji, Praktek Kerja Lapangan (PKL), siswa magang boh di perusahaan boh instansi pamaréntah sabudeu­reun Cimahi-Bandung, tilu bulan lilana.

Kadua, kunjungan industri,  siswa diajak ngadongdon perusahaan, diwanohkeun jeung kagiatan industri. Katilu, Uji Kompetensi. Cara nu ieu mah siswa ngalaksanakeun ujian prakték, kalayan Tim Pengujina ti lembaga atanapi perusahaan indsustri téa. Kadituna, siswa baris meunang sertifikat.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x