Bupati Bandung, Ayana Liga Santri Lantaran Aya Hari Santri

- 2 Oktober 2023, 19:55 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna muka  Liga Santri Piala Bupati di  Stadion Si Jalak Harupat, Senèn (2/10/2023).
Bupati Bandung, Dadang Supriatna muka Liga Santri Piala Bupati di Stadion Si Jalak Harupat, Senèn (2/10/2023). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Bupati Bandung, Dadang Supriatna muka Liga Santri Piala Bupati di Kawasan Stadion Si Jalak Harupat, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung, Senèn (2/10/2023).

Dadang Supriatna nyebutkeun, Liga Santri teh dina raraga mièling Hari Santri Nasional (HSN) taun 2023. "Ieu kompetisi  sarana silaturahmi sareng ningkatkeun minat sareng bakat para santri, " pokna.

Ayana Liga Santri, ceuk Dadang Supriatna nu oge kader PKB sarta PKB-na ngagabung jeung koalisi perubahan nu nyalonkeun Anies jadi presiden jeung Muhaimin jadi wapres,  pedah aya Hari Santri Nasional,  tanggal 22 Oktober.

Baca Juga: Sekolah Adiwiyata, SDN Cingcin 01 Soreang Kabupaten Bandung Ngajak Padagang Miara Kabersihan

"Sateuacanna, teu aya Hari Santri. Danget ayeuna pamarèntah ngaapresiasi kana prakarsa ti salasahiji partey nyaèta PKB, wirèh kedah aya Hari Santri, sareng ayana Undang-Undang perkawis pasantrelèn. Ieu histori," ceuk Dadang Supriatna.

Bupati meredih Liga Santri dicatet ku Kepala Dinas Pemuda dan Olahraga, Kapala Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung, katut para camat, lantaran pasantren aya di saban kecamatan.

Ceuk Dadang Supriatna, di Kabupaten Bandung aya kana 300 pasantren, tapi karèk 14 pasantrelèn nu aub kana Liga Santri taun 2023. Bupati miharep taun hareup sakumna pasantren aub kana Liga Santri.

Dadang Supriatna ngaku, samèmèhna Kabupaten Bandung jadi juara nasional dina taun 2022 "Ieu kawit Liga Santri nu dikengingkeun ku para santri asal Pesantren Salafiah Al-Falah Bojongsoang Kabupaten Bandung," pokna.

Bupati yakineun ka hareupna santri mampu jadi pamimpin nasional. Inyana miharep para santri ti kalangan 'sarungan' bisa jadi pajabat sangkan bisa malirè para santri nu aya di wewengkon pasantrèn.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x