Cara Ngalarapkeun Peribahasa Sunda dina Kalimat

- 7 Oktober 2023, 11:07 WIB
Patilsan sejarah di Desa Cupunagara, Kecamatan Cisalak, Kabupaten Subang. Dina acara budaya biasana peribahasa Sunda mindeng dipake.
Patilsan sejarah di Desa Cupunagara, Kecamatan Cisalak, Kabupaten Subang. Dina acara budaya biasana peribahasa Sunda mindeng dipake. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Paribasa atawa peribahasa Sunda kiwari arang dipake dina cacarita sapopoe. Kitu deui dina karangan jeung karya sastra. Paribasa Sunda mindeng kadenge dilarapkeun dina biantara mapag jeung nyerenkeun panganten. Kitu oge nu biantarana make basa Sunda.

Di handap ieu diberendelkeun sababaraha paribahasa Sunda, harti jeung larapna dina kalimat. Diwuwuhan ku harti kecap nu geus arang dipake.

51.Jojodog unggah ka salu: nu bodo, nu euweuh kanyaho hayang katangar pinter jeung ngawasa hiji perkara. Baheula, jaman féodal, ieu paribasa dilarapkeun ka cacah kuricakan nu ujug-ujug jadi ménak, upamana pédah dikawin ku nu boga pangkat, turunan ménak atawa bangsawan, tepi ka ciri ningnang pisan; Si Éta mah ST (sok tahu), siga  enya loba kanyaho, tapi jero-jerona mah teu nyaho nanaon, teu béda  jojodog unggah ka salu.

  • jojodog, paranti diuk keur saurangeun sabangsa bangku tapi pendék, biasana dijieun tina kai, luhurna kira-kira sapuluh séntiméter, sok dipaké mun keur siduru hareupeun hawu.
  • Salu (Basa Jawa), Salon, 1. sarupa bangku atawa dipan tina awi, babaléan, 2. rohangan atawa kamar nu gedé, agréng, jeung méwah paranti narima sémah penting.
  • Unggah, naék.

52.Ka cai diangir mandi, batu lémpar panuusan: kudu inget ka temah wadi atawa ulah mopohokeun ka lembur tempat dilahirkeun atawa ulah poho kana budaya sorangan; Masing di pangumbaraan suksés, tapi ulah tepi ka poho ka lembur sorangan, geuning ceuk paribasa ogé ka cai diangir mandi, batu lémpar panuusan.

  • Diangir, meresihan buuk ku cai.
  • Lémpar, rata atawa cepak.
  • Panuusan, paranti ngagaringkeun.

 

53.Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak: akur, tara paséa, sauyunan; Didungakeun ku Emang, rumah tangga téh sing ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak, sing runtut raut.

 

  • Lebak, lahan nu leuwih handap.
  • Leuwi, cai walungan nu ngajumbleng alatan jero.

54.Ka hareup ngala sajeujeuh ka tukang ngala saléngkah: hirup kudu ati-ati, pinuh itungan; Rék kaluar tina pagawéan téh  kadé sing asak-asak mikir, ceuk paribasa ogé ka hareup ngala sajeujeuh ka tukang ngala saléngkah, bisi kaduhung.

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x