SMA Pasundan 4 Bandung Nataharkeun Program keur Kamajuan Sakola

- 10 Oktober 2023, 11:00 WIB
Wakasek Kurikulum SMA Pasundan 4, Ali, S.Pd, keur tihiothat nataharkeun sawatara program keur kamajuan sakalo.
Wakasek Kurikulum SMA Pasundan 4, Ali, S.Pd, keur tihiothat nataharkeun sawatara program keur kamajuan sakalo. /Cecep KS/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Wakasek Kurikulum SMA Pasundan 3, Ali, S.Pd., bulan Mei 2023 nu kalarung, dibenum jadi Kepala SMA Pasundan 4 Kota Bandung. Senen, (25/9/2023), ngahaja Galura nepungan dirina. “Doakeun abdi, sing bisa ngalaksanakeun ieu pancen, Kang,” pokna. Kakara ge opat bulan jalan, pancen gawena geus mimiti ngabuah.

Dina Penerimaan Peserta Didik Baru (PPDB) taun 2023, Ali nu lulusan FKIP Unpas, Bandung  teh narima siswa anyar jumlahna 114 urang “Taun kamari siswa anyar jumlahna 77 urang, ayeuna 114,  naek,” pokna.  Ali, ngebrehkeun karepna, hayang leuwih ngaronjatkeun ajen inajen pendidikan di SMA Pasundan 4 Bandung.

Diaku ku dirina, karepna teh baris ngawujud mun aya rojongan ti sakumna pihak, boh guru, karyawan, pangurus yayasan jeung sakumna masarakat. “Nitenan tina data, nu sakola di SMA Pasundan 4 mayoritas urang Bandung Kulon, ngawengku, Babakan Ciparay, Cijerah, Cibuntu, Cibeureum, Cimahi, Garuda sareng Bojongloa,” pokna.

Baca Juga: Jumba Program SMAN Situraja Sumedang, Kasehatan Lahir jeung Batin

Nilik kana jumlah siswa sagemblengna 271 urang teu leupas tina rukun gawe nu rancage para guru jeung karyawan nu taya reureuhna ngayakeun promosi jeung publikasi ka saban SMP jeung MTs, nukil hasil nu nyugemakeun. Siswa anyar ngaleut ngeungkeuy daftar ka SMA Pasundan 4, nu alamatna di Pal 3, Jalan Cijerah, Gg Pelita, Kota Bandung.

Kaselir pingpinan anyar, sawatara program nu dibaladah keur kamajuan sakola, diantarana, Grand School atawa sakola hijau. “Ku ayana grand scholl, murangkalih teh mingkin betah diajarna, da buruan sakola hejo lembok ku patamanan,” pokna. Program sejenna, cek Ali, nataharkeun Sakola Pintar jeung Pengembangan Karakter. “Teu hilap, kapayunna, atikan agama Islam, langkung dipupujuhkeun,” pokna.

Di SMA Pasundan 4, kacatet aya sawatara siswa nu kurang mampu. Ide kreatif ti Ali, rukun gawe jeung PT Sanbe Farma, 10 urang siswa didikna mayeng narima beasiswa  afirmasi. “Ngimeutan prestasi akademik, aya oge opat urang siswa didikna nu kiwari narima Bea Siswa Prestasi, salila sataun, ” pokna.*** Cecep Ks.       

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x