Pamilonna 400 Urang FTBI Tingkat Kabupaten Bandung Digelar di SDN Angkasa 3 Margahayu

- 17 Oktober 2023, 20:37 WIB
Salasaurang pamilon FTBI tingkat Kabupaten Bandung di SDN Angkasa 3 Margahayu, Salasa (17/10/2023)
Salasaurang pamilon FTBI tingkat Kabupaten Bandung di SDN Angkasa 3 Margahayu, Salasa (17/10/2023) /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) SD tingkat Kabupaten Bandung digelar di SDN Angkasa 3 Margahayu, Kabupaten Bandung, Salasa (17/10/2023).

Koordinator Pelaksana FTBI Kabupaten Bandung N Ida Widaningsih, S.Pd ,M.M
menyebutkeun, FTBI teh program Revitalisasi Bahasa Daerah ti Badan Bahasa Nasional Provinsi Jawa Barat nu dilaksanakeun Balai Bahasa Provinsi Jawa Barat.

Ceuk Ida, FTBI tingkat Kabupaten Bandung  diiluan kurang leuwih 400 siswa SD sa-Kabupaten Bandung. Pamilonna hasil ngayak tina FTBI tingkat kecamatan nu digelar awal September 2023 ku masing-masing kecamatan, 31 kecamatan sa-Kabupaten Bandung.

Baca Juga: SMA Pasundan 4 Bandung Nataharkeun Program keur Kamajuan Sakola

FTBI, ceuk Ida ngalombakeun 7 mata lomba, Lomba Biantara Basa Sunda, Lomba Pupuh, Ngadongeng Basa Sunda, Maca Sajak Sunda, Nulis jeung Maca Aksara Sunda, Borangan (Ngabodor Sorangan), jeung Lomba Ngarang Carpon.

"Kegiatan FTBI iwal ti partisipasi Kabupaten Bandung ka tingkat Jabar, ogè ngarupikeun program unggulan Bupati Bandung: ngamumulè budaya Sunda." ceuk Ida.

Ida miharep, nu ngawakilan tingkat kabupaten engkè di tingkat Provinsi Jabar ogè jadi pinunjul, sarta bisa ka tingkat nasional.

"Rencanana FTBI kanggo taun 2023 ayeuna tos janten program nasional. Tapi nu utami urang numuwuhkeun sareng ngarojong generasi ngora, utamina marurangkalih supados langkung cinta, sareng langkung paham, hususna deui arinyana engkèna ngagaduhan kaparigelan  tina pangembangan basa sareng sastra, " ceuk Ida.

Baca Juga: Mubes POM SAQ Nur Madani 2023, Ngaronjatkeun Kétak Organisasi pikeun Ngarojong Kamajuan Siswa jeung Sakola

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x