Pinunjul kahiji FTBI SD Tingkat Kabupaten Bandung, 14 Siswa, Tandang di FTBI Tingkat Jabar

- 18 Oktober 2023, 19:57 WIB
Penanggungjawab FTBI SD tingkat Kabupaten Bandung nu ogè Kasi Pengembangan Bidang SD Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung, H. Amim Meriatna Subhan.
Penanggungjawab FTBI SD tingkat Kabupaten Bandung nu ogè Kasi Pengembangan Bidang SD Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung, H. Amim Meriatna Subhan. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) Sekolah Dasar (SD) tingkat Kabupaten Bandung nu digelar di SDN Angkasa 3 Margahayu, Kabupaten Bandung, Selasa (17/10/2023) kamari nyair 14 pinunjul kahiji putra -putri tina 7 mata lomba.

  • Pinunjul Lomba Pupuh Putra jeung Putri: Dhenata Rawanda ti SDN Giri Harja Kecamatan Baleendah jeung Ferrizya Putri ti SDN Lebak wangi Kecamatan Arjasari.
  • Pinunjul Maca jeung Nulis Aksara Sunda, Yuga Mahesa ti SDN Neglasari Kecamatan Cileunyi jeung Putri Atsil Lahfatu Madihah ti SDN Nengkelan Kecamatan Ciwidey.
  • Pinunjul Ngarang Carpon, M Arkaan Rozulloh ti SDN Cibiru Soreang jeung Arine Ainanda Qolbi Juniar dari SDN Wanasuka Arjasari.
  • Pinunjul Maca Sajak M Nizam Zakuntana ti SDN Lamajang Pangalengan jeung; Maura Bilbina Putri Koswara ti SDN Ciwaru Kecamatan Cilengkrang.
  • Pinunjul Ngadongeng Miftah Muhammad Ramdan ti SDN Ciririp Cimaung jeung Az-zahra
    Ihkti Amrinarashy ti SDN Langonsari Pameungpeuk.
  • Pinunjul Biantara Sultan Syah Putra ti SDN Cilampeni 01 Kecamatan Katapang jeung Nevani Desi Rindiani ti SDN Sindur 2 Rancabali.
  • Pinunjul Ngabodor Sorangan, Mochamad ichsan ti SDN Ciheulang 02 Ciparay. jeung Alisa Aulia Melisanni ti SD Cikoneng Ciparay.

Baca Juga: Pamilonna 400 Urang FTBI Tingkat Kabupaten Bandung Digelar di SDN Angkasa 3 Margahayu

Ceuk pananggungjawab FTBI SD tingkat Kabupaten Bandung nu ogè Kasi Pengembangan Bidang SD Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung, H. Amim Meriatna Subhan,  14 pinunjul bieu baris ngawakilan Kabupaten Bandung di FTBI tingkat Provinsi Jawa Barat nu rencanana digelar tanggal 14-16 Nopember 2023.

Iwal ti 14 pinunjul kahiji ti FTBI Kabupaten Bandung ogè ngahasilkeun pinunjul 2 tepi ka 3. Ceuk Amim arinyana ogè bakal dileler piala jeung piagem tur uang kadeudeuh nu bakal dipasrahkeun dina acara Jambore Literasi .

"Jambore Literasi dilaksanakeun sasih November 2023. Tapi badè dibadantenkeun deui, " pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x