Mapag Pemilu 2024 Kapolres Majalengka Umajak Anggotana Ngaronjatkeun Patroli bareng jeung TNI katut Pamarentah

- 13 November 2023, 16:43 WIB
Apel siaga di Kapolres Majalengka. Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, netelakeun pentingna Polri ngaronjatkeun patroli bareng jeung TNI katut pamarentahan di wilayah hukum Polres Majalengka.
Apel siaga di Kapolres Majalengka. Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, netelakeun pentingna Polri ngaronjatkeun patroli bareng jeung TNI katut pamarentahan di wilayah hukum Polres Majalengka. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dina raraga mapag Pemilu 2024, Kapolres Majalengka Polda Jabar, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, netelakeun pentingna Polri ngaronjatkeun patroli bareng jeung TNI katut pamarentahan di wilayah hukum Polres Majalengka.

Ieu ajakan ditepikeun Kapolres Majalengka, Senen (13/11/2023) dina riungan nu diluuhan ku Wakapolres Majalengka, Kompol Bayu Purdantono, S.I.K., M.I.K., Pejabat Utama Polres Majalengka, Kapolsek Jajaran Polres Majalengka, perwira, personil, ASN, jeung siswa Dik Tuk Ba Polri.

Kapolres Majalengka netelakeun pentingna sinergi antara kepolisian, TNI, jeung pamarentah dina ngajaga kaamanan tur katartiban mapag Pemilu 2024.

Baca Juga: Polres Majalengka Polda Jabar Ngungkab Tindak Pidana Korupsi Penyelewengan Dana Bantuan Koperasi

"Patroli kedah dironjatkeun kangge nyiptakeun lingkungan nu aman tur kondusif, sarta nyinglar potensi gangguan kaamanan salami proses lumangsuna Pemilu," ceuk Kapolres Majalengka.

Kapolres Majalangke nyebutkeun Polri, TNI, jeung pamarentah kudu sinergis. “Ieu kawilang krusial kangge ngajagi situasi kondusif sareng sangkan proses pemilu lumangsung kalayan aman tur lancar," ceuk Kapolres Majalengka.

Wakapolres Majalengka, Kompol Bayu Purdantono, nambahkeun kagiatan. patroli tiga pilar, polisi, TNI jeung pamarentah, lain ukur tarekah pangamanan fisik, tapi oge bukti rojongan demokrasi.

"Dina hal ieu pentingna aparat kaamanan dina ngarespons cepat satiap hal-hal nu mingkin ngamaruhan kaamanan tur katartiban. Riungan janten forum kangge masihan arahan kangge anggota Polres Majalengka. Di antawisna perkawis tugas sareng tanggung jawab dina mayunan situasi nu dinamis mapag Pemilu," ceuk Bayu Purdantono.

Sakumna pihak dipiharep bisa gawe bareng kalayan pinuh dedikasi pikeun ngajaga stabilitas tur nyiptakeun kondisi nu aman salila lumangsungna proses Pemilu 2024.*** Ayank Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x