Kenal Pamit Kapolsek Sukahaji Polres Majalengka, Kamtibmas Tetep Kajaga

- 18 September 2023, 09:06 WIB
Kenal Pamit Kapolsek Sukahaji Polres Majalengka, ti pejabat heubeul AKP Rudy Djunardi, ka pejabat anyar AKP Erik Riskandar dilaksanakeun di kantor Mapolsek Sukahaji, Ahad (17/9/2023).
Kenal Pamit Kapolsek Sukahaji Polres Majalengka, ti pejabat heubeul AKP Rudy Djunardi, ka pejabat anyar AKP Erik Riskandar dilaksanakeun di kantor Mapolsek Sukahaji, Ahad (17/9/2023). /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Acara Kenal Pamit Kapolsek Sukahaji Polres Majalengka, ti pejabat heubeul AKP Rudy Djunardi, ka pejabat anyar AKP Erik Riskandar dilaksanakeun di kantor Mapolsek Sukahaji, Ahad (17/9/2023).

Au ngaluuhan Kenal Pamit Kapolsek Sukahaji: Forkopimcam Sukahaji, sakumna kepala desa sakacamatan Sukahaji, tokoh masarakat sarta sakumna anggota Polsek Sukahaji katut Bhayangkari ranting.

Dina Kenal Pamit Kapolsek Sukahaji suasana kagagas tembong ngeliran acara. Dina sambutanna, Kapolsek heubeul ngenalkeun sakumna anggota sarta tugas pungsi masing-masing ka Kapolsek nu anyar, mimiti personil nepi ka sakumna Kanit.

Baca Juga: Lalakon Lungse

Rengse wawanohan, AKP Rudy Djunardi ngahaturnuhunkeun kana rojongan sakumna anggota pon kitu deui rojongan Muspika Sukahaji salila dirina mancen tugas jeung dina enggoning ngajaga kaamanan jeung katartiban lingkungan.

“Simkuring nyuhunkeun dihapunten nu saageung-ageungna. Bilih salima kirang langkung sataun mancen tugas di Polsek Sukahaji aya kalepatan  sareng kaluluputan,” pokna.

AKP Rudy Djunardi menta pidungana dina ngalaksanakeun tugas di tempat nu anyar supaya bisa lungsur-langsar. “Sansos tos ngalih tugas, dipiharep silaturrahim urang sadayana tetep kajagi,” pokna.

AKP Erik Riskandar Kapolsek anyar Sukahaji nyebutkeun dirina miharep dunga sarta rojongan ti jajaran muspika, jeung sakumna tokoh agama katur tokoh masarakat Sukahaji dina ngajalankeun pancen jeung amanah.

"Nalika simkuring dina ngalaksanakeun tugas aya kalepatan, langsung emutan. Simkuring ngahiap-hiap kamandang ti warga Sukahaji, supados kapayunna wilayah ieu tetep aman tur kondusip,” ceuk AKP Erik Riskandar.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah