Hengky Kurniawan, Mundur jadi Bupati KBB, rék Tetep Ngawujudkeun Desa Digital

- 17 September 2023, 14:40 WIB
Hengky Kurniawan basa dilantik jadi Bupati Bandung (sésa masa jabatan 2018-2023) ku Gubernur Jawa Barat Ridwan Kamil, taun 2022.*
Hengky Kurniawan basa dilantik jadi Bupati Bandung (sésa masa jabatan 2018-2023) ku Gubernur Jawa Barat Ridwan Kamil, taun 2022.* /Fb Ridwan Kamil/

GALURA.CO.ID. – Kira-kira 2 bulan ka tukang, Bupati Bandung Barat, Hengky Kurniawan, biantara, nu eusina, dirina ménta dihampura ka sakumna masarakat Kabupaten Bandung Barat (KBB), patali jangji politikna can sagemblengna kacumponan.  

“Kalungguhan sim kuring mung sakedap deui, tangtuna ku sésa jabatan nu heureut waktuna program gawé téh asa moal cumpon sadayana,” ceuk Hengky.

Parandéné kitu, ku sésa waktu nu heureut éta, inyana satekah polah bisa ngaréngsékeun sakabéh jangjina. “Aya résiko nu kawilang ageung, mun éta jangji teu dicumponan téh, patalina sareng track record katut citra sim kuring salaku pamingpin daérah,” pokna deui.

Baca Juga: Deklarasi Kabangsaan Anggota NII Manten di Kodam III Siliwangi, Kasad: Kuatkeun Rasa Micinta Lemah Cai

Dina waktu nu kari sakeudeung deui téh, program gawéna diancokeun kana ngawujudna konsep layanan gawé ka masarakat ngagunakeun teknologi informasi jeung digitalisasi. Cindekna mah, dina mangsa dirina masih cepeng kalungguhan KBB 1, ngawujud desa digital. “Ku ngawujudna desa digital di sakuliah KBB, layanan gawé ka masarakat teu ngan saukur carita jeung wacana wungkul, sing enyana gancang ngawujud jeung maksimal,” pokna deui.

Hengky balaka, geus maréntahkeun Sekda jeung sakumna ASN di KBB, sangkan program éta enya-enya diéstokeun, dilaksanakeun. “Utamina mah, jangji sim kuring ka sakumnna para kepala desa, patali dana Rp 100 juta kanggo saban RW, dina seuhseuhanna kakara ngawujud Rp 30 juta,” cenah.

Nu jadi marga lantaran lélétna program pangwangunan di KBB, ceuk Hengky, balukar sasalad covid-19. “Balukarna, teu sakedik bantuan dana nu holna ti puseur katut provinsi, diséngsarkeun heula kanggo ngungkulan sasalad.”

Baca Juga: Kasang Tukang Muhaimin Jadi Balon Wapres Anies Kawas Cai Ngamalir

Karya bakti jeung préstasi

Dijungjung lungguh jadi Bupati KBB, geus loba karya bakti Hengky Kurniawan nu ngogan pamuji, di antarana, ngawujudna bukti réhabilitasi pangwangunan 17 ruas jalan kabupaten di wilayah Kabupaten Bandung Barat. Rute jalan Batujajar-Pangauban-Girimukti, Jalan Rancapanggung-Puncakmulya, jeung Jalan Cikadu-Rancasenggang. Ti Batujajar tepi ka Girimukti, waragadna ngahontal Rp 4,5 miliar.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x