Bupati Kabupaten Bandung Barat Hengky Kurniawan : Rehabilitasi Jalan Pakidulan Rp 285 miliar

- 31 Januari 2023, 14:45 WIB
Bupati Kabupaten Bandung Barat, Hengky Kurniawan ka para wartawan di Ngamprah 31 Januari 2023, negeskeun, Pemkab Bandung Barat geus ngaluarkeun dana nu gedena Rp 285 miliar./Istimewa
Bupati Kabupaten Bandung Barat, Hengky Kurniawan ka para wartawan di Ngamprah 31 Januari 2023, negeskeun, Pemkab Bandung Barat geus ngaluarkeun dana nu gedena Rp 285 miliar./Istimewa /

GALURA -  Keur pangwangunan rehabilitasi jalan di wewengkon pakidulan, Bupati Kabupaten Bandung Barat, Hengky Kurniawan ka para wartawan di Ngamprah 31 Januari 2023, negeskeun, Pemkab Bandung Barat geus ngaluarkeun dana nu gedena Rp 285 miliar.

Dana sakitu teh, ceuk Hengky, keur ngabebenah deui jalan nu kondisina ruksak di
jalur Cililin – Sindangkerta, Sindangkerta – Celak, Celak – Gununghalu, Bunijaya – Cilangari jeung Cilangari tujuan Cisokan.

“Ngomean jalan, tandaning wujud komitmen Pemkab Bandung Barat ngabebenah infrastruktur di sakumna wilayah KBB, satahap-satahap jalur patalimarga nu panjangna 70 Kilometer teh direhabilitasi, insya Alloh, bulan Februari ayeuna sadayana baris rengse,” pokna.

Baca Juga: Palakiah Ngadeteksi Santet, Sihir atawa Teluh Cek Ahli Spiritual Jawa Mbah Yadi : Gayem Daun Seureuh !

Baca Juga: Lima Barang nu Sok Dipake Ngirim Santet, Sihir atawa Teluh, Gancang Piceun Mun Aya di Imah!

Baca Juga: QS Al Falaq tur Hartina, keur Nyinglar Santet, Sihir jeung Teluh, Ieu Cara nu Dicontokeun Nabi

Ditetelakeun ku Hengky, ngomean jalur patalimarga teh, pentingna mah keur nyumponan pangabutuh masarakat.

“Ari jalan hade mah, tangtuna ge mobilitas aktifitas masarakat bakal ngaronjat, wisata di wewengkon pakidulan ge baris rame ku nu arulin, ku wisman lokal jeung wisman mancanagara,” pokna.

Ku ngaronjatna jumlah wisatawan nu datang ka wilayah pakidulan, cek Hengky, baris ningkatkeun ekonomi masarakat.

Baca Juga: Cek Bobotoh, Persib Kudu Meunang Meh Aya di Puncak Klasemen Deui, Ieu Link Live Streaming Persib vs PSIS

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x