Koperasina Mines, Taun Ayeuna Anggota Koperasi Guru Panumbangan Ciamis teu Narima SHU

- 31 Januari 2023, 12:00 WIB
Koperasi Guru Panumbangan (KGP) ngagelar RAT (31/01/2023). Taun ayeuna teu ngabagikeun SHU.*
Koperasi Guru Panumbangan (KGP) ngagelar RAT (31/01/2023). Taun ayeuna teu ngabagikeun SHU.* /

 

GALURA -Rapat Anggota Tahunan (RAT) KPRI (Koperasi Pegawai Republik Indonesia) Koperasi Guru Panumbangan (KGP) Tahun Anggaran 2022 dilaksanakeun dina poe Salasa, 31 Januari 2023.

RAT KPRI KGP tempatna di Gedung Koprasi Guru Panumbngan. Diluuhan ku pangurus, pengawas koprasi jeung para anggota koprasi. Pangurus KPRI Kabupaten Ciamis jeung ti Dewan Koprasi Indonesia Daerah (Dekopinda) Ciamis oge ngaluuhan.

Dina RAT KPRI KGP taun ieu, “Anggota teu narima sisa hasil usaha (SHU) lantaran koperasina mines,” ceuk Nana, Ketua KGP Nana. Tapi sok sanajan teu narima SHU para anggota saladar lantaran kaayaan koperasina keur walurat.

Baca Juga: Kopi Munding, Urang Rajadesa geus Mikawanoh Pelak Kopi ti Jaman Walanda Mula

Harepan ti para pangurus koperasi KGP, ka harepna nu jadi anggota di KGP saladar kana kawajiban jadi anggota Koprasi.

“Jadi anggota di koperasi pan aya aturan anu kudu dilaksanakeun. Di antarana iuran simpanan wajib, simpenan poko, simpenan sukarela jeung kawajiban nu sejena,” ceuk Nana.*** Jarkasih

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x