Teu Tingtrim ku Geng Motor, Warga TKI III Meredih Aparat Patroli Maneuh

- 28 Januari 2023, 13:54 WIB
Ketua RW 16 Komplek Taman Kopo Indah III Desa Rahayu, Kecamatan Margaasih Paulus Pranata (katilu ti kénca) jeung sabagian waargana. (SOPANDi/ Galura Pikuran Rajyat.com)
Ketua RW 16 Komplek Taman Kopo Indah III Desa Rahayu, Kecamatan Margaasih Paulus Pranata (katilu ti kénca) jeung sabagian waargana. (SOPANDi/ Galura Pikuran Rajyat.com) /

GALURA-Warga Komplek Taman Kopo Indah (TKI) III, hususna RW 16, Desa Rahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung ngarasa teu tingtrim mun nyanghareupan malem Minggu.

Pangna kitu teh lantaran di wewengkonna sok aya géng motor nu ngalakukueun 'balapan liar" di salah sahiji jalan RW kasebut.

"Ratusan barudak géng motor narongkrong, bari ngagaur-gaur gas motor, sora kanalpotna ngagareuwahkeun warga. Teu aya nu wantun ngahulag, margi aya nu nyandak samurai, " ceuk Paulus Pranata.

Baca Juga: Kasus Subang Can Kaungkab Keneh, Irjen Pol Suntana : Doakeun, Kasusna Teras Dipaluruh

Baca Juga: Rakor Ngarengsekeun Pasualan HGU PT PG Rajawali II, Ngarah Patani Raharja

Baca Juga: Bupati Majalengka Reuwaseun, Ningal Pamuda Keuna Serangan Jantung Ngadadak di Panto Lif RSUD Cideres

Inya teh nyaeta, Ketua RW 16 Paulus Pranata di lokasi, Saptu 28 Januari 2023.

Kungsi kajadian aya nu dibegal, ogé tawuran. Anggota géng motor ieu, ceuk Paulus lain warga satempat. Anu ngabegal jeung dibegalna ogé lain urang lembur pituin.

"Kantos aya nu dibegal, kacerek ku aparat. Kagiatan géng motor téh sok rada ngurangan teu ngagimbung teuing upami ku aparat diungkulan, " ceuk Paulus.

Baca Juga: Haji Prawatasari Teureuh Panjalu nu Mimiti Bajuang di Cianjur Mibanda Pasukan nu Bisa Lus-Les Laleungi

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x