GALURA - Wangunan (bangunan) jeung banda (benda) cagar budaya di Kabupaten Sumedang, Jawa Barat teh kawilang rea.
Nurutkeun catetan, wangunan jeung banda cagar budaya di Sumedang teh jumlahna aya kana 21, sajaba ti nu masih keneh diusulkeun ka pamarentah.
Kawajiban warga Sumedang patali jeung wangunan sarta banda cagar budaya eta, tangtu wae kalawan sadar sadia ngamumule jeung ngarumat, sabab lain tanggungjawab pamarentah wae.
Baca Juga: Rembug Bedas Méakeun Anggaran Rp 2,1 Miliar
Anapon cagar budayana, nyaeta Monumen Lingga, Gedung Bumi Kaler, Benteng Gunung Gadung, Benteng Gunung Koentji, Benteng Gunung Palasari, Gedung Disbudparpora, jeung Sasak Cincin Cikuda Jatinangor.
Lian ti eta, Sasak Cincin Kuta Mandiri, Makam Cut Nyak Dien, Makuta Koleksi Museum Prabu Gesan Ulun, jeung Meriam Koleksi Museum Prabu Gesan Ulun.
Aya oge Bunker Jati Sari, Pendopo Sumedang Utara, Prasasti Pembangunan Jalan Raya Pos, Rumah Cut Nyak Dien, Rumah Lama Tipe 2 milik Agus Ruhana, Siger Koleksi Museum Prabu Gesan Ulun, Gedung Srimanganti, Struktur Bangunan Ragadiem, Wisma Gending, jeung Monumen Loji.
Baca Juga: Ieu Amanat Najib ka Bacaleg PAN Kabupaten Bandung