Pikeun Ngaronjatkeun Pangladen ka Warga, RSUD Kota Bandung Waragadna Rp 516 Miliar

- 30 Januari 2023, 09:01 WIB
Walikota Bandung, Yana Mulyana, keur ngaronjatkeun pangladen ka warga, RSUD Kota  Baandung bakal dibangun refresentatif.*
Walikota Bandung, Yana Mulyana, keur ngaronjatkeun pangladen ka warga, RSUD Kota Baandung bakal dibangun refresentatif.* /

GALURA -Ngimeutan Detail Engineering Design (DED), kabutuhan dana keur pangwangunan RSUD Kota Bandung, ditaksir Rp 516 miliar. Anggaran sakitu teh, nurutkeun Walikota Bandung, Yana Mulyana, geus diancokeun.

"Saenyana, desain RSUD Kota Bandung taun 2022 tos aya, tos rengse. kari der ngawangun. Mung, nengetan hasil desainna, simkuring miharep kedah disampurnakeun," ceuk Yana, sarengsena ngaluuhan acara silaturahim jeung para surveyor akreditasi di RSUD Kota Bandung.

Yana miharep, ku diwangunna RSUD Kota Bandung, layanan rumah sakit mingkin ngaronjat jeung mingkin profesional.

Baca Juga: Ngungkulan Inflasi, Ridho : Kudu Titen Nyumponan Kabutuh Pangan

"Tong aya layanan kasehatan nu kaganggu jeung pangwangunan RSUD Kota Bandung, tempatna tetep di ujungberung, tong pindah ka tempat sejen," pokna

Ditegeskeun ku Yana, pihak RSUD bisa nepikeun sikonna, sangkan pihak surveyor bisa mere kamandang, kaasup ngabimbing pihak RSUD Kota Bandung, bisa mere layanan nu maksimal.

Dina taun ayeuna, dipiharep RSUD Kota Bandung, bisa ngahontal predikat Paripurna. Matakna, ceuk yana, tong aya nu disumputkeun.

"Tina target layanan can cumpon 100 persen. harepan simkuring, mun ditalungtik ku pihak luar, hasilna bisa objektif, layanan kesehatan di rumah sakit kudu aya nu dibebenah," pokna.

Nembrakeun kareueusna, Yana nyebutkeun, Pemkot Bandung kiwari ngabogaan tilu rumah sakit: RSKGM, RS Bandung Kiwari jeung RSUD Kota Bandung.*** 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x