KPU Poho Teu Ngondang, Ketua F PAN DPRD Kabupaten Bandung H Eep Jamaludin Sukmana: Pasualan Geus Beres

- 29 Januari 2023, 13:48 WIB
Ketua Fraksi PAN DPRD Kabupaten Bandung H. Eep Jamaludin Sukmana/Galura/Sopandi
Ketua Fraksi PAN DPRD Kabupaten Bandung H. Eep Jamaludin Sukmana/Galura/Sopandi /

GALURA- Ketua Fraksi PAN DPRD Kabupaten Bandung H. Eep Jamaludin Sukmana nganggap geus bérés pasualan KPU nu poho teu ngondang  DPRD Kabupaten Bandung.

Eta teh basa ngalantik Panitia Pemilihan Kecamatan (PPK) di Cimenyan sawatara waktu  kaliwat.

Numutkeun Eep, Ketua KPU geus ménta hampura, yén kajadian kitu téh teu ngahaja tur teu aya maksud ngalélécé lembaga DPRD.

Baca Juga: Wangunan jeung Banda Cagar Budaya di Sumedang, Perlu Dirumat jeung Dimumule Babarengan ku Balerea

Baca Juga: Agama Sunda, Ceuk Pantun Bogor, Geus Aya Jauh Samemeh Urang India Daratang ka Nusantara

Baca Juga: Nusakambangan Ceuk Versi Jawa, Kembang Wijaya Kusumah, Bathari Durga jeung Sang Hyang Pramoni

Eep  nepikeun eta hal teh dina lolongkrang silaturahmi bakal calon legislatif (bacaleg)  Kabupaten Bandung ti PAN, di  Hotel Sutan Radja, Soreang, Saptu 28 Januari 2023.

"KPU  geus menta hampura tur negor peringatan ka stafna, " cek Eep.

Lian ti eta,  cenah,  KPU ogé jangji  engké deui bakal leuwih taliti dina bab susuratan.

Baca Juga: Milad ka-88 Ponpes Al-Quran Cijantung, Bupati Ciamis: Ponpes Al Quran Cijantung Kontribusina Luar Biasa

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x