GALURA- Dinas Pemadam Kebakaran (Disdamkar) Kabupaten Bandung nganggarkeun deui alat perlindungan diri (APD) katut pakakas Damkar séjénna tina APBD taun 2023.
Baca Juga: Tina Silaturahmi Bacaleg PAN, Thoriqoh: Nargetkeun 1 Kursi rer Dapil
Kepala Disdamkar Kabupaten Bandung, Hilman Kadar, nyebutkeun pihakna narékahan sangkan saban taun aya anggaran pikeun nyumponan APD personil Damkar.
Baca Juga: Bank Kuningan Ngayakeun Undian Tabungan Berhadiah, Dian : Kudu Bisa Ngigelan Zaman
Ceuk Hilman, taun ieu pihakna nganggarkeun deui pikeun nyumponan APD, lantaran dina taun 2022 tina 90 urang personil anu aya kakara kacumponan setengahna. Tina 90 urang personil nu aya," ceuk Hilman di Mako Damrker, Soreang.
Hilman netelakeun, APD tina anggaran taun 2022 geus dibagikeun ka sakumna anggota di 9 Pos Damkar.
Diantarana 40 pasang sapatu jeung 40 helem pemadam, selang pemadaman ukuran 1/2 , jumlahna 20 rol jeung ukuran 2 1/2 reana 20 rol.
"Pangahirna pangayaan APD Damkar taun anggaran 2020 jeung anyar ieu dianggarkan deui taun 2022, kaasup di 2023. Pangayaan satahap-satahap luyu jeung kamampuan anggaran," ceuk Hilman.
Baca Juga: Tina Silaturahmi Bacaleg PAN, Thoriqoh: Nargetkeun 1 Kursi rer Dapil
Editor: Ajun Mahrudin