Ieu Amanat Najib ka Bacaleg PAN Kabupaten Bandung

- 29 Januari 2023, 08:22 WIB
Sekretaris Dewan Pakar DPP Partai Amanat Nasional (PAN) Ahmad Najib Qodratullah (tengah) jeung bacaleg PAN Kabupaten Bamdung ti dapil 2.*
Sekretaris Dewan Pakar DPP Partai Amanat Nasional (PAN) Ahmad Najib Qodratullah (tengah) jeung bacaleg PAN Kabupaten Bamdung ti dapil 2.* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat.com)

 

GALURA - Sekretaris Dewan Pakar DPP Partai Amanat Nasional (PAN) Ahmad Najib Qodratullah ngaamanatan ka bakal calon legislatif (bacaleg) Kabupaten Bandung ti PAN, sangkan teu weléh mantengkeun hubungan jeung rukun gawé papada baceleg PAN. 

"Urang teu mungkin ngahontal korsi sosoranganan, kudu salawasna gawé bareng, " ceuk Ahmad Najib dina acara silturahmi bacaleg PAN di Hotel Sutan Raja Soreng, Saptu (28/1/2023).

Numutkeun Najib, mun seug danget ayeuna aya di antara para bacaleg baranggawéna ku cara-cara nu kurang alus, saéstuna henteu keur ngagedékeun karukunan, tapi keur mentingkeun diri pribadi. 

Baca Juga: Disdamkar Kabupaten Bandung Nyumponan Kabutuh APD, Saban Taun Dianggerkeun

"Amanat ti sim kuring, yu babarengan rukun gawé najan  papada 'kompetitor', lantaran lamun teu kitu bakal katipu ku nu ngajual ngaran urang. Sim kuring nyarita lain ukur ungkara tanpa eusi, tapi dumasar pangalaman," ceuk Najib. 

Najib nyebutkeun, ngan dirina kader PAN nu geus ngalaman proses pemilihan legislatif kapilih opat kali. 

Sekretaris Dewan Pakar DPP Partai Amanat Nasional (PAN) Ahmad Najib Qodratullah.*
Sekretaris Dewan Pakar DPP Partai Amanat Nasional (PAN) Ahmad Najib Qodratullah.* Galura Pikiran Rakyat.com).

"Alhamdulillah sim kuring kaamanatan sakitu rupa. Ngahontal korsi téh susah, jadi para bacaleg perlu gawé bareng, " ceuk Najib.***

Baca Juga: Tina Silaturahmi Bacaleg PAN, Thoriqoh: Nargetkeun 1 Kursi rer Dapil

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x