Putri Anjungsari (11)

- 29 Januari 2023, 07:03 WIB
/

JALAN nu disorang  mapay sisi talaga leutik nu diapit ku pasir ipis, kéncaeunana gawir nu teu pati luhur, rembet ku kakayon tangkal awi ngaroyom, paselang jeung tatangkalan. Cai talaga téh hérang ngagenyas, manuk kapinis ting kalayang luhureunana. Aki Jaya jeung nu nu opatan nyelang sibeungeut heula, deukeut tangkal caringin nu geus jaranggotan. Suba mah malah ngabaseuhan sirahna.   

Anjog ka tungtung kidul talaga, manggih walungan nu teu pati rubak. Batu-batu badag taringgul, sora cai kadéngé séah. Henteu ngaraas, tapi méngkol ka katuhu,  jalanna, jalan satapak, nanjak. Ngaliwatan patempatan nu harieum jeung rembet ku kakayon, tatangkalanana sagedé-gedé beuteung munding. Jalanna ogé jalan satapak nu sigana arang katincak, loba kalakayan jeung jukut, pangpung ogé pating soléngkrah.

Jalanna tambah nanjak. Teu lila manggih deui patempatan nu sarua pinuh ku kakayon jeung tatangkalan nu baradag. Rada leuwih lega. Aki Jaya méngkol ka katuhu, jalanna sakitu mah lalening, teu loba teuing jukut jeung kalakay. Nu opatan nuturkeun. Bréh waé, lahan nu lalening, di tengah-tengahna balay batu nu disusun ngawangun bentuk pasagi opat. Di tungtung kalér balay, batu lonjong nu ditangtungkeun.

Aki Jaya sila gigireun balay batu, nu séjén ogé nurutan, sarila  tukangeun Aki Jaya. Panon Aki Jaya peureum, malah bangun tipepereket, malah awakna ogé ngadarégdég. Asmita, Atus, jeung Gingin mah ukur peureum. Ari Suba ukur tungkul bari sakapeung ngarérétan Aki Jaya, héraneun ku naon Aki Jaya tepi ka kitu. Teu lila Aki Jaya beunta, ngusap beungeutna. Rarat-rérét ka kénca ka katuhu, bangun aya nu ditéangan.

Basa nempo tangkal kananga, teu pati jauh ti tempat silana, Aki Jaya cengkat, terus ngala kembang kananga nu geus rada kolot. Ngarasa kurang loba, Aki Jaya mulungan kembang nu geus muragan. Seungit. Geus meunang sacanggeum, Aki Jaya balik deui. Kembang kananga téh diawurkeun di lebah batu lonjong jeung dina balay batu, biwirna kunyam-kunyem. Ku nu opatan ditarempokeun.    

“Hayu,” ceuk Aki Jaya sanggeus kembang kanangana diawurkeun kabéh.

Limaanana méméh neruskeun lalampahanana reureuh heula di sisi walungan, dariuk dina batu.

“Anu bieu téh patilasan Éyang Jangraga,” ceuk Aki Kanta,” Walungan ieu ngaranna Ci Kembang.”

“Éyang Jangraga nu ti Pakuan Pajajaran?” Gingin nu nanya téh. Panasaraneun lantaran inyana mah karék ngalanto ka dinya, ngan kungsi ngadéngé ngeunaan Éyang Jangraga.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x