Bupati Cup Road Ditutup, Dadang : Urang Nyieun Sirkuit Anu Hade

- 29 Januari 2023, 19:02 WIB

GALURA- Bupati Bandung Dadang Supriatna, nutup acara Road Race (balap motor roda dua), anu ditaratas ku Ikatan Motor Indonesia (IMI) Kabupaten Bandung, Ahad (29/1/2023).

Eta acara lumangsung di palataran parkir, tukangeun Kantor Dinas Pemuda dan Olahraga Kabupaten Bandung, sabudeureun Kompleks Stadion Si Jalak Harupat, Kecamatan Kutawaringin.

Baca Juga: Rembug Bedas Méakeun Anggaran Rp 2,1 Miliar

Balap motor nampa pangrojong ti Dispora Kabupaten Bandung, Camat Kutawaringin. 

Baca Juga: Wangunan jeung Banda Cagar Budaya di Sumedang, Perlu Dirumat jeung Dimumule Babarengan ku Balerea

Dadang ngaku, di Kabupaten Bandung tacan aya tempat husus pikeun balap motor.

Ku kituna, palataran nu kiwari dipake balap motor teh jadi lapang husus, jadi sirkuit road race, ngaliwatan proses panataan leuwih hade.

Ceuk Dadang, samemeh eta lapang dibangun jadi sirkuit road race, rek nyieun heula DED-ns (Detail Engineering Design).

Baca Juga: Milad ka-88 Ponpes Al-Quran Cijantung, Bupati Ciamis: Ponpes Al Quran Cijantung Kontribusina Luar Biasa

DED-na mah, ceuk Dadang, kudu dijieun taun ayeuna. Kudu dirarancang Sangkan alus, kaasup tempat keur anu lalajo.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x