TPPAS Legok Nangka Ngagantung Keneh, Can Aya Pausaahaan nu Meunang Tender

- 30 Januari 2023, 09:30 WIB
TPPAS Legok Nangka di Nagreg Kabupaten Bandung, tepi ka aya can difungsikeun. (Foto: galamedianews.com).
TPPAS Legok Nangka di Nagreg Kabupaten Bandung, tepi ka aya can difungsikeun. (Foto: galamedianews.com). /

GALURA -Keur miceun runtah, nu disebut Tempat Pengelohan & Pemroresan Akhir Sampah (TPPAS) Legok Nangka, di Nagreg Kabupaten Bandung tepi ka kiwari ngagantung keneh. Ari sarana prasarana mah ti jaman Ahmad Heryawan oge geus rengse.

TPPAS Legok Nangka bisa dipake teh nu jadi alesanana, lantaran pausahaan nu baris ngokolakeunana tacan pasti. "Tepi ka kiwari can puguh, saha nu baris meunang tenderna, " ceuk Anggota Komisi IV DPRD Jabar, Daddy Rohanady, di rohangan gawena.

Ceuk Daddy, keur saheulaanan miceun runtah baris angger di TPA Sarimukti. Ngan, nu jadi masalahna, di TPA Sarimukti, runtahna geus ngahunyud pisan. Geus ngagunung tepika mucuk. Geus diluar batas toleransi.

Baca Juga: Pikeun Ngaronjatkeun Pangladen ka Warga, RSUD Kota Bandung Waragadna Rp 516 Miliar

"Nya, kumaha deui, taya tempat sejen keur alternatif, tepi ka ayeuna can aya nu meunang tender di Legok Nangka, nya wayahna heula di Sarimukti," pokna.

Daddy miharep, pamarentah sagancangna nimu jeung mutuskeun pausahaan nu meunang tender, pikeun ngokolakeun TPPAS Legok Nangka.

"Syukur mun pausahaan nu meunang tender teh warga bangsa keneh. Sabab, mun tender dimeunangkeun ku pausahaan ti luar negeri mah, biayana mahal," pokna

Nyambungkeun caritaanna, Daddy negeskeun, mun pausahaan ti jero nagara mah, leuwih gampang ngontrolna. Cindekna mah, sing saha wae ge nu meunang tender, ceuk Daddy, sagancangna prak digawe, lantaran urang butuh ku tempat keur pamiceunan runtah

Baca Juga: Ngungkulan Inflasi, Ridho : Kudu Titen Nyumponan Kabutuh Pangan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x