Pinunjul Kahiji Ngokolakeun DAK Fisik, Pemkab Bandung Barat Meunang Pangajen Ti Kementerian Keuangan

- 1 Maret 2023, 18:30 WIB
Bupati Bandung Barat, Hengky Kurniawan, waktu nampa piagem pangleler pinunjul kahiji ti Kementerian Keuangan dina ngokolakeun DAK Fisik 2022, di Kantor KPPN Tipe A1 Bandung I, Salasa, 28,(1/3/ 2023).*
Bupati Bandung Barat, Hengky Kurniawan, waktu nampa piagem pangleler pinunjul kahiji ti Kementerian Keuangan dina ngokolakeun DAK Fisik 2022, di Kantor KPPN Tipe A1 Bandung I, Salasa, 28,(1/3/ 2023).* /Rameli Agam/

GALURA - Pemerintah Kabupaten (Pemkab) Bandung Barat meunang pangajen ti Kementerian Keuangan, minangka  pinunjul hiji dina ngokolakeun Dana Alokasi Khusus (DAK). 

Piagem pangajen  dipasrahkeun di Kantor Pelayanan Perbendaharaan Negara (KPPN) Tipe A1 Bandung I, Salasa, (28/2/2023).

Ceuk Bupati Bandung Barat, Hengky Kurniawan, eta pangajen jadi pamecut sakumna stakeholder malar boga karep leuwih hade deui Dina sual ngokolakeun DAK fisik.

Baca Juga: Gempungan KB FKPPI PC 10.28 Bandung Barat, Maheutkeun Konsolidasi Pembinaan Kapangurusan Organisasi

"Ieu pangajen berekah kanggo Pemkab Bandung Barat, jadi panyumanget geusan ngaronjatkeun ketak nu leuwih hade," pokna.

Kacangkingna  pinunjul DAK Fisik teh teu leupas tina koordinasi Jeung kolaborasi sakumna Organisasi Perangkat Daerah (OPD) nu nampa pangleler.

Salila ieu ge manehna teu weleh cumeluk malar sakabeh OPD di Pemkab Bandung Barat gawe rancage dina ngokolakeun DAK fisik.

Ceuk Hengky, modal kasuksesan teh dibarengan koordinasi jeung kolaborasi.

Hengky nyontokeun, lamun dina taun kahiji nalika nampa DAK, hartina di taun eta keneh kudu geus koordinasi jeung OPD nu nampa DAK.

"Maksadna dangkan sadayana  pas waktuna, pas ancoanana, nyumponan pasaratanana,"  

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x