Pinunjul Kahiji Ngokolakeun DAK Fisik, Pemkab Bandung Barat Meunang Pangajen Ti Kementerian Keuangan

- 1 Maret 2023, 18:30 WIB
Bupati Bandung Barat, Hengky Kurniawan, waktu nampa piagem pangleler pinunjul kahiji ti Kementerian Keuangan dina ngokolakeun DAK Fisik 2022, di Kantor KPPN Tipe A1 Bandung I, Salasa, 28,(1/3/ 2023).*
Bupati Bandung Barat, Hengky Kurniawan, waktu nampa piagem pangleler pinunjul kahiji ti Kementerian Keuangan dina ngokolakeun DAK Fisik 2022, di Kantor KPPN Tipe A1 Bandung I, Salasa, 28,(1/3/ 2023).* /Rameli Agam/

Manehna ge ngahaturkeun nuhun ka KPPN nu salila ieu teu weleh ngarespon katut ngaping dina perkara ngokolakeun DAK.

"Cindekna, ka OPD nu nampa DAK sangkan bisa migawena jeung ngalaporkeunana kalawan pas waktuna, hasilna luyu jeung ancoanana, kaasup dina proses pengadaan barang jeung jasa ge sing luyu jeung aturan," ceuk Hengky.

Sajeroning kitu, Kepala Kantor Pelayanan Perbendaharaan Negara Tipe A1 Bandung, Ade Permadi mertelakeun, pangajen kana ngokolakeun DAK Fisik nu dilakukeun ka Pemkab Bandung Barat teh dilakonan kalawan sagemblengna.

Hasil jeung efektivitasna diajen. Lian ti eta,oge diajen waktu laporanana katut administrasina.

"Tah, tina hasil pangajen teh dina taun 2022 di tingkat Provinsi Jawa Barat, Kabupaten Bandung Barat meunangkeun pangleler pinunjul kahiji dina hal ngokolakeun DAK Fisik. Muga wae taun 2023 bisa leuwih hade deui," ceuk Ade Permadi. ***

 

 

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah