Polres Majalengka Nyiapkeun Ratusan Personel keur Ngajaga Kaamanan Pemilu 2024

- 17 Oktober 2023, 18:00 WIB
Apel Gelar Pasukan Mantap Brata Lodaya 2023-2024 di lapangan GGM Majalengka, Salasa (17/10/2023),  Polres Majalengka siap ngajaga kaamanan Pemilu 2024.
Apel Gelar Pasukan Mantap Brata Lodaya 2023-2024 di lapangan GGM Majalengka, Salasa (17/10/2023), Polres Majalengka siap ngajaga kaamanan Pemilu 2024. /Ayan R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID –Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto netelakeun, ratusan personel Polri nu mancen tugas di wilayah hukum Polres Majalengka bakal ditugakeun ngajaga kaamanan Pemilu 2024.

"Tos disiagakeun sajumlah 593 personel, ti ngawitan ti rengrengan Polres dugi ka polsek," ceuk Kapolres Majalengka rengse Apel Gelar Pasukan Mantap Brata Lodaya 2023-2024 di lapangan GGM Majalengka, Salasa (17/10/2023).

Kapolres Majalengka nyebutkeun, oge geus disiapkeun pikeun ngamankeun kagiatan-kagiatan Pemilu nu ni dianggap mibanda reksekalasi ti rawan nepi ka leuwih rawan. Ratusan personel nu diturunkeun bakal dibagi di Satgas preemtif, preventif jeung Satgas lianna.

Baca Juga: Satlantas Polres Majalengka Mieling Hari Lalu Lintas Bhayangkara ka-68, Komitmen Ngaladenan Masarakat

"Tina hiji Satgas dibagi janten 20 dugi ka 30 personel. Pihak kapolisian bakal fokus ka Satgas nu nanjeurkeun hukum nalika kajantenan tindak pidana kagiatan Pemilu," ceuk Kapolres Majalengka.

Dumasar data Pemilu 2019 ka tukang nu dipibanda Polres Majalengka sakaligus dumasar kana analisa Polda Jabar, Kabupaten Majalengka kaasup daerah nu teu dianggap rawan.

"Simkuring sareng rengrengan kapulisian sarta dirojong ti unsur TNI katut pamarentah kabupaten, teu bakal standard estimate, ngutamikeun over estimate, tiasa dikalkulasi kaamanan langkung ti dua kali lipet," ceuk Kapolres Majalengka.

Kapolres Majalengka nambahkeun, Apel Gelar Pasukan Mantap Brata Lodaya 2023-2024 di tingkat Polres Majalengka, mibanda tujuan pikeun ngalaksankeun ngaroris kasiapan sarana, prasarana sarta personel di Kabupaten Majalengka, dina nyanghateupan Pemilu 2024.

Baca Juga: Kenal Pamit Kapolsek Sukahaji Polres Majalengka, Kamtibmas Tetep Kajaga

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah