Satlantas Polres Majalengka Ngagelar Latkatpuan Pelatih PKS, sangkan Lalulintas Aman tur Tartib

- 29 Agustus 2023, 13:00 WIB
Satlantas Polres Majalengka ngagelar pelatihan peningkatan kemampuan (latkatpuan) keur instruktur PKS (29/08/2023).
Satlantas Polres Majalengka ngagelar pelatihan peningkatan kemampuan (latkatpuan) keur instruktur PKS (29/08/2023). /Ayank R Sambara/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Satuan Lalu Lintas (Satlantas) Polres Majalengka Polda Jabar ngagelar kagiatan Peningkatan Kemampuan (Latkatpuan) pikeun sakumna instruktur Patroli Keamanan Sekolah (PKS) sa- Kabupaten Majalengka

Latkatpuan nu digelar ku Satlantas Polres Majalengka tempatna di Aula Kanya Wasistha Polres Majalengka, Senen (28/8/2023). Pamilonna sakumna pelatih PKS nu aya di Kabupaten Majalengka.

Kapolres Majalengka Polda Jabar, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., ditepikeun ku Kasat Lantas, AKP Ngadiman, S.Kom., nyebutkeun Latkatpuan udaganana pikeun ngamotivasi sarta ngaronjatkeun kamampuh ka sakumna pelatih atawa instruktur PKS.

Baca Juga: Desa Wisata Bantaragung Kabupaten Majalengka Juara 2 ADWI 2023 Kategori Digital dan Konten Kreatif

"Sakumna pelatih kapayunna bakal masihkeun atikan sareng pelatihan gabungan PKS di sababarahai sakola di Kabupaten Majalengka," ceuk Kasat Lantas.

Dina ieu kagiatan sakumna pelatih PKS dibekelan ngeunaan teknik pengajaran, pengelolaan kelompok, sarta tata cara pelaksanaan kegiatan PKS di sakola.

Selain eta, dibekelan pangaweruh ngeunaan tertib lalu lintas tur kasalametan lalu lintas, nu jadi bagean penting dina pelatihan PKS.

"Sakumna pelatih PKS kedah mibanda kamampuh sareng elmu pangaweruh nu cekap kangge ngaedukasi perkawis kasalametan lalu lintas ka sakumna siswa di sakola," ceuk AKP Ngadiman.

Baca Juga: Viral Video Fuji Utami Marah-marah, Ternyata Kabar Bahagia Pindah Lapak ke Shopee Live karena Banyak Diskon!

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x