Maling Domba Meuweuh, Ulon-ulonna Urang Tasikmalaya Dicangkalak ku Polres Majalengka

- 24 Agustus 2023, 08:00 WIB
Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si, ngungkabkeun polisi nyangkalak ulon-ulon paling domba, Rebo (23/8/2023). Anu dicangkalak kabeh oge urang Tasikmalaya.
Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si, ngungkabkeun polisi nyangkalak ulon-ulon paling domba, Rebo (23/8/2023). Anu dicangkalak kabeh oge urang Tasikmalaya. /galura.co.id/Ayank R Sambara

GALURA - Polres Majalengka Polda Jabar nyangkalak ulon-ulon nu maling domba, opat urang, nu geus lila matak guligah masarakat. Ulon-ulonna teh JS (46), A (35), K (59), jeung AW (43) nu kabehanana warga Kabupaten Tasikmalaya.

Eta ulon-ulon paling domba, opatanana urang Kabupaten Tasikmalaya dicangkalak sabada maranehna maling domba Saptu (19/8/2023) kira-kira jam 03.00 WIB (janari) di hiji kandang di Blok Sukamanah, Desa Pasanggrahan, Kecamatan Maja, Kabupaten Majalengka.

Dina konferensi pers di pakarangan Satuan Reserse Kriminal (Sat Reskrim) Polres Majalengka, Rebo (23/8/2023), Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si, ngungkabkeun JS (46) jeung A (35) residivis maling hewan ternak.

Baca Juga: Lima Kasus Tindak Pidana Narkotika Diungkab Polres Majalengka Hasil Operasi Antik Lodaya 2023

Opatanana dicangkalak dumasar laporan ti warga nu hewan ternak bogana, embe jeung domba, leungit. "Ulon-ulonna asup ka kandang domba, suku domba dibeungkeut sarta sungut embe dibeukeum terus dipanggul diasupkeun kana mobil," ceuk AKBP Indra Novianto.

Domba bogana Korban, warga Kecamatan Maja Kabupaten Majalengka. Aya 11 domba nu leungit. Hiji di antarana kapanggih geus paeh teu jauh ti kandangna, suku jeung sungut domba dibeungkeut.

Kapolres Majalengka netelkeun hiji ulon-ulon lianna inisial O (40), warga Kabupaten Sumedang, geus ditetepkeun DPO (Daftar Pencarian Orang), inyama nu nampung domba meunang maling.

Maranehna oge diduga maling domba wilayah Cigasong Kabupaten Majalengka di bulan Juni jeung Juli 2023. Dieura ku Pasal 363 Ayat (1) ka-1 KUHPidana, kabehanana bisa dipanjara maksimal 7 (tujuh) taun.

Baca Juga: Satlantas Polres Majalengka jeung Ditlantas Polda Jabar Nyosialisasikeun Dikmas Lantas di Bunderan Baribis

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x