Kapolsek Sukahaji Polres Majalengka oge Ngaluuhan Monev 10 Program Pokok PKK

- 21 Juli 2023, 18:00 WIB
Kapolsek Sukahaji ngaluuhan Monitoring jeung Evaluasi (Monev) 10 Program Pokok PKK, jeung 5 Lomba Tingkat Kabupaten Majalengka taun 2023, di Kantor Balai Desa Jayi Kecamatan Sukahaji Kabupaten Majalengka.
Kapolsek Sukahaji ngaluuhan Monitoring jeung Evaluasi (Monev) 10 Program Pokok PKK, jeung 5 Lomba Tingkat Kabupaten Majalengka taun 2023, di Kantor Balai Desa Jayi Kecamatan Sukahaji Kabupaten Majalengka. /Ayank/Galura

GALURA - Kapolsek Sukahaji Polres Majalengka Polda Jabar AKP Rudy Djunardi, ngaluuhan Monitoring jeung Evaluasi (Monev) 10 Program Pokok PKK, jeung 5 Lomba Tingkat Kabupaten Majalengka taun 2023, tempatna di Kantor Balai Desa Jayi Kecamatan Sukahaji Kabupaten Majalengka.

Dina Monev 10 Program Pokok PKK bieu, salian ti Kapolsek Sukahaji, Ketua Tim V Monev TP PKK Kabupaten Majalengka, katut rengrengan Muspika Sukahaji, Ketua Bhayangkari Ranting Sukahaji, Ketua Persit Candra Kirana Ranting Sukahaji, Kepala Desa sarta perangkat sa-Kecamatan Sukahaji oge ngaluuhan.

Kapolsek Sukahaji, AKP Rudy Djuardi, nyebutkeun Monev 10 Program Pokok PKK   mibanda tujuan pikeun ngamaksimalkeun nengetan hasil supervisi  jeung  nitenan sacara langsung dilaksanakeunana tertib administrasi PKK, PAAR, UP2K PKK, Hati PKK, IVA Test Taun 2023.

Baca Juga: Operasi Patuh Lodaya 2023, sangkan Warga Ngestokeun Palaturan Patalimarga

"Monitoring kangge nangtoskeun  nominasi unggulan di tahap evaluasi, peekawis pelaksanaan 10 Program Pokok PKK Ieu kangge milarian tur nitenan potensi-potensi nu tiasa dimotekarkeun, sakantenan kangge ngevaluasi hal-hal nu tos dilaksanakeun," ceuk Kapolsek Sukahaji.

Kepala Desa Jayi, Wasta, nyebutkeun Monev 10 Program Pokok PKK, nu geus dilaksanakeun ku PKK katut Kader PKK sa-Kecamatan Sukahaji diroris ku Ketua Tim Monev V PKK Kabupaten Majalengka, katut rengrenganna.

"Ari 5 Lomba di Tingkat Kabupaten Majalengka, nyaeta Desa Wisma, Simulasi Paaredi, UP2K PKK, Hatinya PKK, jeung Hasil Pelayanan IVA Test.Salami kagiatan lumangsung aman, tartib tur lancar. Dilaksanakeun dinten Rebo, kaping 19 Juli 2023,” ceuk Wasta.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x