GALURA –Polres Majalengka ngagelar latihan menembak di Lapangan Tembak Adhi Pradana Polres Majalengka. (22/07/20223). dipingpin langsung ku Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto,S.I.K.,M.Si.
Dina mingpin latihan menembak Kapolres Majalengka dibarengan ku Wakapolres Majalengka Kompol Bayu Purdantono, S.I.K.,M.I.K, sakumna Pejabat Utama jeung Kapolsek Jajaran Polres Majalengka.
"Menembak salasawios olahraga nu kawilang ageung manpaatna. Di antawisna ngajagi kasehatan mental, ngalatih konsentrasi, meredakan stres oge kakhawatiran," ceuk Kapolres Majalengka waktu keur lumangsung latihan menembak di di Lapangan Tembak Adhi Pradana Polres Majalengka.
Baca Juga: Mat Peci (1) Keur Budakna Bageur, Taya Cawadeun, malah Masantren
Salian ti eta, latihan menembak pikeun ngasah kamampuh pulisi dina ngagunakeun senjata api (senpi).
“Ku latihan menembak dipiharep sakumna personil tiasa getapan dina ngagunakeun senpi upami kaayaan di lapangan pulisi kedah nembak,” ceuk Kapolres Majalengka.*** Ayank R Sambara