Galura Cetak IV Juli 2023, Kampung Iklim Ciparay Kabupaten Ciamis, Nohagaan Iklim Lokal

- 25 Juli 2023, 14:02 WIB
Galura cetak IV Juli 2023, head line ngaguar negunaan Kampung Iklim di Kabupaten Ciamis.
Galura cetak IV Juli 2023, head line ngaguar negunaan Kampung Iklim di Kabupaten Ciamis. /Nanang/Galura

GALURA –Program Kampung Iklim atawa Proklim diapungkeun ku Kemenetrian Lingkungan Hidup dan Kehutanan (KLHK) ti taun 2012 sarta tepi ka danget henteu kandeg. Dina taun 2024 engke, jumlah Kampung Iklim ditargetkeun 20 rebu, sumebar di sakuliah Nusantara, kaasup di Kabupaten Ciamis. Ieu nu dipedar dina Galura cetak IV Juli 2023.

Dina Galura cetak IV Juli 2023 diwartakeun di Kabupupaten Ciamis, taun 2023 ayeuna anu diusulkeun jadi Kampung Iklim dina Proklim KLHK teh aya 10. Salasahijina Kampung Ciparay, di Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana. Bulan Agustus calon Kampung Iklim di Kabupaten Ciamis bakal diroris ku Ditjen Pengendalian Perubahan Iklim (PPI).

Desa Ciparigi kiwari, sakumaha nu ditulis dina Galura cetak IV Juli 2023 ayeuna keur tatar sangkan ku Ditjen PPI KLHK Kampung Ciparay kagolongkeun jadi Kampung Iklim. Fungsi Bang Sampah Mekar Jaya keur dihangkeutkeun. Di Kampung Iklim lain ukur alam nu kapiara, tapi oge runtah dikokolakeun kalayan hade.

Baca Juga: Tadina rek Didemo Warga, Bupati Cianjur Teu Ngaluuhan Diresmikeunana Bale Pelatihan di Desa Benjot

Baca Juga: Talkshow Wawasan Kebangsaan di Pasantren Al Mizan Jatiwangi, Teu Nyabit Panji Gumilang

Dina mieling milangkalana nu ka-243, salasahiji acarana Lomba Fashionshow Pemanfaatan Limbah. Anu miluan lomba make aseoris nu dijieun tina runtah. Kepala Desa Ciparigi, Warjo Sugiarto, nyebutkeun ieu lomba keur kampanye sangkan runtah henteu dipiceun, tapi diteundeun dina tempatna.

Tulisan sejenna dina Galura cetak IV Juli 2023 dina rubrik Warna-Warni diguar ngeunaan pantrangan di Kampung Ciparay Desa Parigi nanggang wayang golek. Anu wani-wani nanggap wayang golek bakal meunang mamala, ieu geus kaalaman ku sababaraha warga nu keukeuh nanggap wayang golek.

Resi, salasahiji patandang dina Lomba Fashionshow Pemanfaatan Limbah di Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana Kabupaten Ciamis,  kabiruyungan jadi juara ka-2.
Resi, salasahiji patandang dina Lomba Fashionshow Pemanfaatan Limbah di Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana Kabupaten Ciamis, kabiruyungan jadi juara ka-2.

Rubrik Nyuckruk Galura ngaguar ngeunaan runtagna Karajaan Rajagaluh alatan rajana, Cakraningrat kagoda ku telik sandi wanoja nu dikirim ku Cirebon. Eta telik sandi bisa ngotektak rusiah kakuatan militer Rajagaluh. Ahirna Rajagaluh bisa diruntagkeun ku Cirebon.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah