Korban Lini di Desa Benjot, Kecamatan Cugenang, Kabupaten Cianjur, Loba nu Tacan Meunang Bantuan

- 22 Juli 2023, 17:29 WIB
Udin, warga Kampung  Pangkalan, Desa Benjot,  Kecamatan Cugenang Kabupaten Cianjur, tepi ka kiwari can boga imah can meunang bantuan. Pihak Desa Benjot, ngajangjikeun bantuan di tahap opat, tapi can ngawujud bae.
Udin, warga Kampung Pangkalan, Desa Benjot, Kecamatan Cugenang Kabupaten Cianjur, tepi ka kiwari can boga imah can meunang bantuan. Pihak Desa Benjot, ngajangjikeun bantuan di tahap opat, tapi can ngawujud bae. /Cecep KS/Galura

GALURA -Alatan lini magnitudo 5,6 tanggal 21 November 2022, paimahan di Desa Benjot, Kecamatan Cugenang Kabupaten Cianjur ancur burakrakan. Masarakat Desa Benjot, jadi katalangsara, teu boga imah.

Saheulaanan, warga Desa Benjot caricing dina tenda-tenda darurat atawa di rohangat masjid jeung madrasah nu bisa dipake saheulaanan. Aya oge sawatara warga nu diungsikeun ka tempat nu anggang masih di Kecamatan Cugenang Kabupaten Cianjur, sawarehna milu nyiruruk di imah dulur-dulurna.

Basa nataran wilayah Desa Benjot, Kecamatan Cugenang Kabupaten Cianjur, warga nu ngarungsi geus marulang deui ka lemburna. Paimahanna, geus ngaradeg deui ku ayana bantuan ti pamarentah jeung para donatur. Memang, paimahan nu kawilang sederhana.

Baca Juga: Paguyuban Pasundan Ngadegkeun Balai Pelatihan keur Ngaronjatkeun Ekonomi Kecamatan Cugenang Kabupaten Cianjur

"Hayang ngawangun deui imah nu permanen mah, warga merlukeun dana nu sumberna tina saku sorangan, ngan ti mana atuh sawatara warga hirupna tina jadi buruh tani di dieu mah," ceuk Inge Inggrid, warga Kampung Pangkalan Desa Benjot.

Ngawangkong di imahna, Inggrid netelakeun, bantuan keur warga nu imahna ancur ku gempa, dibagi tilu termin. Aya sajumlah warga nu geus narima bantuan rehab, nu saban imah gedena bantuan teh Rp60 juta.

Tapi, ceuk Inggrid, aya sawatara warga nu geus sataun lilana ti barang kajadian musibah lini, can narima sapeser goeng acan keur ngarehab atawa ngawangun imahna deui. Keur saheulaanan maranehna masih cicing di tenda.

Imah Ceu Ati, warga Desa Benjot, hareupeun kuburan pisan. Kakara meunang bantuan rehab dina tahap dua.
Imah Ceu Ati, warga Desa Benjot, hareupeun kuburan pisan. Kakara meunang bantuan rehab dina tahap dua.

Salasaurang nu can narima bantuan teh, ngaranna Abah Udin, kasebutkeun sesepuh di Kampung Pangkalan. "Sumuhun, Abah teu acan nampi bantuan sapeser oge," ceuk Udin ka Galura.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x