Talkshow Wawasan Kebangsaan di Pasantren Al Mizan Jatiwangi, Teu Nyabit Panji Gumilang

- 23 Juli 2023, 07:00 WIB
Gus Miftah jeung KH Maman Imanulhaq  pangasuh Pasantren Al Mizan  dina talkshow wawasan kebangsan, teu menta Gus Miftah nyabit kana soal Panji Gumilang.
Gus Miftah jeung KH Maman Imanulhaq pangasuh Pasantren Al Mizan dina talkshow wawasan kebangsan, teu menta Gus Miftah nyabit kana soal Panji Gumilang. /


GALURA - Pasantren Al Mizan Jatiwangi, Majalengka, Jumaah (21/07/2023 ngagelar talkshow wawasan kebangsaan. Anu miluanana siswa SLTA, SLTP katut Jamaah Fatayat Muslimat NU Majalengka. Dina talkshow teu disabit pasualan Pani Gumilang, pamingpin pasantren Al Zaytun, Indramu nu rek ngagugat Gubernur Jabar Ridwan Kamil.

Panyatur talkshow wawasan kebangsaan: Gus Miftah, pangasuh Pesantren Ora Aji Sleman."Alhamdulillah Pasantren Al Mizan tiasa disumpingan ku Gus Miftah, “ceuk KH Maman Imanulhaq. Ieu pangasuh Pasantren Al Mizan teu menta Gus Miftah nyabit kana soal Panji Gumilang.

Gus Miftah dina talkshow wawasan kebangsaan di Pasantren Al Mizan angger cumeluk sangkan masarakat teu kapangaruhan ku paham radikalisme nu ceuk inyana mah beuki subur di masarakat. Ceuk Gus Miftah, salasahiji ciri jalma keuna ku paham radikalisme nyaeta teu daek nampa perbedaan dina hal agama.

Baca Juga: Warga Korban Lini di Kabupaten Cianjur Miharep Bantuan Modal ti Paguyuban Pasundan

"Tarekah pikeun ngabentengan diri ti paparan radikalisme, diantawisna nyaeta masihan pamahaman kaagamaan nu leres. Salah sawiosna nyaeta teu lepat dina milih guru," ceuk Gus Muftah.

Hanjakal Gus Miftah teu netelakeun naha pamanggih Panji Gumilang kaasup radikalisme atawa henteu. Naha nu teu sapamadegan jeung Panji Gumilang kaasup keuna ku paham radikalisme atawa henteu?*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah