IKWI Jabar Nyangking Juara III Lomba Tumpeng Milangkala Ka-62 IKWI

- 22 Juli 2023, 19:32 WIB
Ketua IKWI Jabar, Jiean Ajiyanpi Novalia (hareup, kagenep ti kénca) katut réngrénganana.*
Ketua IKWI Jabar, Jiean Ajiyanpi Novalia (hareup, kagenep ti kénca) katut réngrénganana.* /Dok. IKWI Jabar/

GALURA - Ikatan Keluarga Wartawan Indonesia (IKWI) Jawa Barat milu ngareuah-reuah acara HUT (milangkala) ka-62 IKWI liwat zoom meeting anu diiluan ku IKWI sa-Nusantara, Kemis, 20 Juli 2023 kaliwat.

Dina milangkalana nu ka-62 téh, Pangurus Pusat IKWI ngayakeun Lomba Tumpeng anu diiluan ku 23 IKWI Provinsi jeung Kabupaten Kota. Kriteria penilaian Lomba Tumpeng ngawengku kreasi, variasi, komposisi, kaéndahan sagemblengna, bari para ibu téh maraké kabaya oranye.

Dina ieu kagiatan, IKWI Jabar kapeto jadi Juara III Lomba Tumpeng HUT Ka-62 IKWI. Iwal ti éta, dina acara kuis ngeunaan organisasi IKWI, 4 Kabupaten Kota anggota IKWI Jabar meunangkeun hadiah tina ngajawab pertanyaan kuis ngeunaan organisasi kalawan bener. Éta Kabupaten Kota téh nyaéta IKWI Kabupaten Subang, IKWI Kabupaten Cianjur, IKWI Kota Sukabumi, jeung IKWI Kabupaten Bandung.

Baca Juga: PWI Jabar Ngagelar UKW, Ridwan Kamil: Warga Miskin di Jabar Jumlahna Ngurangan

Ketua IKWI Jawa Barat, Jiean Ajiyanpi Novalia ngarasa reueus tur bungah kacida pédah anggota jeung réngrénganana jadi juara.

Numutkeun Jiean, éta téh bukti nyata pikeun IKWI Nusantara, IKWI Jabar minangka anggota IKWI geus ngabuktikeun kalawan enya-enya, teu weléh rampak sauyunan bari salawasna silirojong unggal kagiatan.

"Jabar salawasna aktif tur teu petot-petot maparin kontribusi nu positif, hébat, rampak sauyunan, teu weléh silirojong tur ngajaga marwah IKWI minangka bagian ti PWI," pokna.***

Baca Juga: Paguyuban Pasundan Ngadegkeun Balai Pelatihan keur Ngaronjatkeun Ekonomi Kecamatan Cugenang Kabupaten Cianjur

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x