Satlantas Polres Majalengka Mieling Hari Lalu Lintas Bhayangkara ka-68, Komitmen Ngaladenan Masarakat

- 25 September 2023, 08:00 WIB
Satlantas Polres Majalengka, Polda Jabar, dina mieling Hari Lalu Lintas Bhayangkara ka-68 taun 2023 ngagelar syukuran di aula Kanya Wasista Polres Majalengka, Jumaah (22/9/2023).
Satlantas Polres Majalengka, Polda Jabar, dina mieling Hari Lalu Lintas Bhayangkara ka-68 taun 2023 ngagelar syukuran di aula Kanya Wasista Polres Majalengka, Jumaah (22/9/2023). /AyankR Sambara/galura co.id

GALURA CO.ID -Satuan Lalu Lintas (Satlantas) Polres Majalengka, Polda Jabar, ngareuh-reuah mieling Hari Lalu Lintas Bhayangkara ka-68 taun 2023 ku acara syukuran nu basajan di aula Kanya Wasista Polres Majalengka, Jumaah (22/9/2023).

Acara syukuran diluuhan ku sababaraha pejabat tinggi, kaasup Kapolres Majalengka Polda Jabar, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., jeung Waka Polres Majalengka Kompol Bayu Purdantono, S.I.K., M.I.K.

Kasat Lantas AKP Mochamad Ali, S.H., M.M., jeung sakumna Pejabat Jajaran Utama (PJU) Polres Majalengk sarta anggota Satlantas Polres Majalengka oge aub dina eta acara.

Baca Juga: Kenal Pamit Kapolsek Sukahaji Polres Majalengka, Kamtibmas Tetep Kajaga

Mieling Hari Lalu Lintas taun ieu jejerna: “Moderenisasi Pelayanan Polantas Presisi Mengawal Pemilu Damai untuk Indonesia Maju”. Udaganana ngajaga kamseltibcar lantas, disiplin lalu lintas, sarta ngawal suksesna pemilu 2024.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Noviato, ngungkabkeun rasa syukur kana naon-naon nu geus dihontal jeung nu aya patalina jeung Hari Lalu Lintas Bhayangkara ka-68. Inyana umajak sakumna personil Satlantas pikeun tuluy ngronjatkeun dedikasi dina ngaladenan masarakat.

"Pamugi sakumna personil Satlantas dipaparinan kasehatan sareng kasalametan dina ngalaksanakeun tugas pikeun ngabdi ka bangsa katut nagara," ceuk Kapolres.

Memeh syukuran Satlantas Polres Majalengka ngalaksanakeun sababaraha kagiatan sosial. Di antarana kerja bakti ngaberesihan masjid, masrahkeun Juz Amma katut Al-Qur'an, sarta sababaraha kagiatan kemanusiaan lianna. Hal eta nu nembongkeun komitmen kapolisian dina ngaronjatkeun pangladen ka masarakat.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah