Festival KORMI Majalengka Gumebyar Ngarojong Partisipasi Masarakat dina Ngamotekarkeun Olahraga Tradisional

- 9 November 2023, 15:00 WIB
KORMI Kabupaten Majalengka ngagelar kagiatan Festival Olahraga Masarakat Kabupaten Majalengka Taun 2023 di lapangan GGM Majalengka (04/11/2023).
KORMI Kabupaten Majalengka ngagelar kagiatan Festival Olahraga Masarakat Kabupaten Majalengka Taun 2023 di lapangan GGM Majalengka (04/11/2023). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Komite Olahraga Rekreasi Masyarakat Indonesia (KORMI) Kabupaten Majalengka ngagelar kagiatan Festival Olahraga Masarakat Kabupaten Majalengka Taun 2023 di lapangan GGM Majalengka.

Kagiatan KORMI diluuhan tur dibuka sacara resmi ku Bupati Majalengka, Karna Sobahi. Diluuhan Ketua KORMI Provinsi Jawa Barat Denda Alamsyah, Saptu (04/11/23).

Ketua KORMI Majalengka nu oge ngajabat Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka, Lilis Yuliasih, netelakeun maksud digelarna eta kagiatan: kumaha ngabudayakeun ngangolahragakeun masarakat tur ngamasyarakatkan olahraga pikeun ngaronjatkeun partisipasi masarakat.

Baca Juga: FPK keur Ngipuk Jiwa Kabangsaan, sangkan NKRI Leuwih Nanjung

“Salian eta ieu kagiatan mibanda tujuan kangge nyosialisasikeun kagiatan organisasi KORMI di Kabupaten Majalengka. Di antawisna kangge ngarojong, ngamotivasi masarakat Majalengka motekarkeun olahraga tradisional warisan budaya, sarta ajang milarian bakat," ceuk Lilis.

Disebutkeun Lilis, rumpun olahraga nu aya di KORMI aya tilu: rumpun kesehatan jeung kebugaran; rumpun olahraga tradisional jeung kreasi budaya, sarta; nu katilu rumpun olahraga petualangan katut tangtangan.

Di tempat nu sarua, Ketua KORMI Provinsi Jawa Barat Denda Alamsyah, nyebutkeun prestasi KORMI Majalengka kawilang luar biasa.

"Di Pornas VII, nalika Jawa Barat janten pribumi, anu ngiringanana 38 provinsi, pamilonna langkung ti 25 rebu, KORMI Majalengka nyumbangkeun medali kangge Jawa Barat dugi ka Jawa Barat janten Juara Umum," ceuk Denda Alamsyah.

"Kukituna sim kuring ngahatur nuhunkeun ka KORMI Majalengka,” ceuk Denda.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x