Festival KORMI Majalengka Gumebyar Ngarojong Partisipasi Masarakat dina Ngamotekarkeun Olahraga Tradisional

- 9 November 2023, 15:00 WIB
KORMI Kabupaten Majalengka ngagelar kagiatan Festival Olahraga Masarakat Kabupaten Majalengka Taun 2023 di lapangan GGM Majalengka (04/11/2023).
KORMI Kabupaten Majalengka ngagelar kagiatan Festival Olahraga Masarakat Kabupaten Majalengka Taun 2023 di lapangan GGM Majalengka (04/11/2023). /Ayank/galura.co.id

Baca Juga: HPN 2024, Ngarancang ‘Dialog Kebangsaan’ pikeun 3 Pasangan Capres jeung Cawapres

Bupati Majalengka, Karna Sobahi nu keur jadi catur alatan vediona nu meredih sangkan warga bajuang ngunggulkkeun hiji caprtes cawapres, ngaapresiasi kana kagiatan KORMI Majalengka.

“Simkuring kalayan asama Pamarentah Kabupaten Majalengka ngaapresiasi kagiatan festival olahraga masarakat nu dilaksankeun ku rengrengan KORMI kabupaten Majalengka," pokna.

Bupati Majalengka nyebutkeun KORMI konsolidasi ti tingkat desa nepi ka kabupaten.Dina hal olahraga tradisional jadi hiji kakuatan, olahraga nu digerakkeun ku masarakat jeung ngagerakeun masarakat sanmgkan olahraga tur ngolahragakeun masarakat.

Dina eta kagiatan dilaksanakeun ngistrenan jeung ngukuhkeun pangurus KORMI di tingkat kecamatan ku Ketua KORMI Kabupaten Majalengka, Lilis Yuliasih. Di bubuka dilaksanakeun devile pamilon jeung pintonan-pintonan olahraga tradisional lianna sarta puluhan doorprise nu disadiakan panitia.***Ayank Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x