HPN 2024, Ngarancang ‘Dialog Kebangsaan’ pikeun 3 Pasangan Capres jeung Cawapres

- 9 November 2023, 05:05 WIB
Ketua Umum PWI Pusat, Hendry Ch Bangun.*
Ketua Umum PWI Pusat, Hendry Ch Bangun.* /Dok. PWI Pusat/Galura/

GALURA.CO.ID. – Kagiatan jalan santéy jeung pamasangan spanduk di Bundaran Hotel Indonesia (HI) baris jadi runtuyan acara "launching" (peluncuran) Hari Pers Nasional (HPN) anu rarancangna baris lumangsung poé Minggu, 12 November 2023 engké.

Acara peluncuran, ngawanohkeun HPN 2024 ka masarakat --anu baris dilaksanakeun 90 poé saméméh acara puncak HPN, 9 Februari 2024—di antarana baris dirojong ku Ketua PWI Pusat, Hendry Ch Bangun jeung Ketua Dewan Pers, Ninik Rahayu. Acara bakal lumangsung ti pukul 06.00 tepi ka pukul 10.00 WIB.

Raja Pane, Wakil Sekjen PWI Pusat periode 2023-2028 nétélakeun, HPN 2024 baris dilaksanakeun di DKI Jakarta kalawan téma “Mengawal Transisi Kepemimpinan Nasional dan Keutuhan Bangsa”.

Raja miharep, acara peluncuran HPN 2024 bakal diiluan/diluuhan ku tokoh-tokoh pers nasional katut para wartawan jeung kulawargana, sangkan acara bisa gumebyar sakaligus némbongkeun spirit anu dibawa ku kapangurusan PWI periode 2023-2028. Kagiatan peluncuran HPN mangsa Car Free Day (CFD), ceuk Raja, taya lian maksudna mah sangkan éta kagiatan jeung acara-acara lianna dina HPN 2024  bisa leuwih dipikanyaho, sangkan HPN meunang pangrojong ti masarakat katut anu pakait jeung éta.

Baca Juga: Galura Cetak II November 2023, Ngungkab Akar Budaya jeung Sejarah Bebegig Sukamanatri Kabupaten Ciamis  

HPN munggaran Kapangurusan PWI 2023-2028

HPN 2024 mangrupa HPN munggaran pikeun pangurus PWI Pusat anu dipupuhuan ku Hendry Ch Bangun. Gagasan anu dibawa ku HPN 2024 mimiti ditepikeun ka para pejabat/tokoh anu aya pakaitna (stakeholder PWI), kaasup nalika Ketua Umum PWI Pusat Hendry Ch Bangun ditarima ku Presiden Jokowi di Istana Merdeka, Jakarta, Salasa (7/11) ka tukang.

Kepala Nagara ngajén (ngaaprésiasi) kana program PWI Pusat periode 2023-2028 anu museur kana masalah pendidikan, ngaronjatkeun kompetensi wartawan,  katut wawasan kabangsaan wartawan.

HPN 2024, anu baris dilaksanakeun lima poé saméméh pemilihan presiden (Pilpres) jeung pemilihan legislatif (Pileg) tanggal 14 Februari 2024, dipiharep ogé jadi kado istimewa milangkalana PWI --henteu ngan pikeun masarakat pers tapi ogé pikeun sakumna bangsa Indonésia.

Salasahiji acara unggulan anu baris digelar dina HPN 2024 nyaéta acara “Dialog Kebangsaan”, kalawan panyaturna tilu pasangan calon presiden (Capres) jeung calon wakil presiden (Cawapres).***

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x