BRI bakal Ngarojong Kagiatan PWI Jabar, Sadmiadi: BRI ogé Butuh ku Pangrojong ti Wartawan

- 7 November 2023, 18:44 WIB
CEO Regional Bandung BRI, Sadmiadi, masrahkeun tawis tineung ka Ketua Umum PWI Jabar, Hilman Hidayat.*
CEO Regional Bandung BRI, Sadmiadi, masrahkeun tawis tineung ka Ketua Umum PWI Jabar, Hilman Hidayat.* /Dok. PWI Jabar/Galura/

GALURA.CO.ID. - BRI Regional Bandung siap ngarojong kana kagiatan anu baris diayakeun ku Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Jawa Barat. Kitu nu ditepikeun ku CEO Regional Bandung BRI, Sadmiadi, dina pasamoan (silaturahmi) jeung Pangurus PWI Jawa Barat, Kemis 2 November 2023. Dina éta pasamoan hadir ogé sawatara pejabat BRI Regional Bandung jeung sawatara pangurus PWI Jawa Barat.

“BRI tiasa rukun gawé, kolaborasi sareng pers utamina sareng PWI Jawa Barat,” ceuk Sadmiadi.

Sadmiadi ngaku, BRI butuh ku pangrojong ti wartawan pikeun ngabéwarakeun (méré informasi) ngeunaan kagiatan-kagiatan anu dilaksanakeun. Kaasup népakeun edukasi ngeunaan perbankan.

“Ku kituna, sim kuring anu nembé ditugaskeun di Bandung ngahaja silaturahmi sareng PWI Jawa Barat,” pokna.

Baca Juga: PWI Jawa Barat Ngayakeun OKK, Hendry Ch Bangun: Wartawan Kudu Profesional dina Gawé Rancagé

Sajeroning kitu, Ketua PWI Jabar Hilman Hidayat ngécéskeun, salila ieu PWI Jabar geus rukun gawé jeung BRI. Sawatara kagiatan anu diayakeun ku PWI Jawa Barat ogé meunang pangrojong ti BRI.

“Hatur nuhun kana rukun gawé nu tos lumangsung salami ieu,” ceuk Hilman Hidayat.

Numutkeun Hilman, réa pisan kagiatan anu bisa dikolaborasikeun antara PWI Jabar jeung BRI téh.  Leuwihna ti éta, kagiatan téh diarahkeun pikeun mekarkeun Jawa Barat. Salasahijina nyaéta kagiatan anu dirarancang pikeun mantuan masarakat miskin tur anu teu mampuh.

"Langkung seueur kagiatan anu mangpaat kanggo masarakat, éta bakal langkung saé. Kolaborasi antara PWI Jabar sareng BRI téh kalintang mungkin kanggo ngawujudkeunana," ceuk Hilman.***

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah