Ade Halimun, Seniman Sarwa Bisa ti Kepel, Cisaga, Kabupaten Ciamis

- 8 November 2023, 14:00 WIB
ADE Halimun (pangkencana) jeung grup calungna. Ade Halimun teh seniman potensian di Kabupaten Ciamis, sarwa bisa.
ADE Halimun (pangkencana) jeung grup calungna. Ade Halimun teh seniman potensian di Kabupaten Ciamis, sarwa bisa. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -“Punten, Kang, ieu nuju raremong,” ceuk Ade Halimun, norojol ka tuang tamu ti ruang tengah waktu Galura nganjang ka padumukunana di Kampung Sukalila, Desa Kepel, Kecamatan Cisaga, Kabupaten Ciamis (13/10/2023). Nyarita kituna teh bari nembongkeun ramona nu memang raremong.

Harita mah Ade Halimun keur jadi panday, nyieun bedog panjang nu bahanna beusi urut erel kareta api, pesenan ti kar­yawan PT KAI. “Kirang langkung tos salapan sasih abdi kana panday teh, “ pokna. Ade Halimun nu ngaran aslina Ade Herdiana Setiadi jadi panday pedah dihatean ku panday kahot di Tambakasari.

Mimitina mah Ade Halimun teh sok pulang anting ka Tambaksari, ngomean peso nu sok dipake ngukir jeung ngarautan wayang golek. “Ku anjeunna abdi dihatean sina tiasa manday, supados tiasa ngomean pakakas nyalira, teu kedah ka Tambaksari,” pokna. Diajarna tilu kali opat kali. Kituna oge heuleut-heuleutan, henteu noron.

Baca Juga: Kasang Tukang Bebegig Sukamantri Ciamis Midang dina Kirab Budaya Majalengka sarta Dingaranan Buta Arega

Ti ahir 2022, Ade Halimun oge mibanda profesi kana panday. Ari memehna ancrub kana seni: kana calung, kacapi suling, ngawih, elektunan, malah mah kana ngadalang. Ditambah deui sok nyieunan wayang golek. Parigel kana rupa-rupa kasenian teh estu diajar sorangan, otodidak, jeung meunang ngulik sorangan.

Diajarkeun ku dalang, dina impian

Kumaha asalna neuleuman kasenian? Taun 2008, basa keur kelas 2 SD, Ade Halimun ngimpi panggih jeung kapiakina nu tilar taun 1990-an. Basa keur jumeneng keneh, kapiakina, ngarann Eman jadi dalang nu kawilang sohor. “Abdi mah ku margi teu acan lahir ka pun aki teh teu terang ieuh,” ceuk Ade Halimun.

Dina impianana Ade Halimun ku kapiakina diajarkeun ngeunaan pawayangan jeung padalangan. Diwanohkeun kana carita wayang Mahabrata jeung Ramayana. Geus kitu diajarkeun bagbagan ngadalang, di antarana antawacana, kakawen,  sabetan (tehnik ngamaenkeun wayang, jeung sajabana. Ade oge diajar­keun cara nyieun wayang golek. 

Sabada rengse ngajarkeun soal pawayangan jeung padalangan jeung kabeh kacangkeum ku Ade Halimun, kaasup dina sabetan jeung nyieun wayang, kapiakina nyarita kieu: Pilih wae mana nu rek diteuleuman, naha rek jadi dalang atawa rek nyieunan wayang.  “Raraosan mah diajarkeun ngadalang lamina tilu taun,” ceuk Ade Halimun.

Baca Juga: Longser ‘Benclang-Benclung’ Bandoengmooi, Kritikan keur Calon Pamingpin

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x