Dilélér Penata Musik Film Terpuji FFB 2023, Purwacaraka: Melesatna Teknologi Film Numuwuhkeun Kreativitas

- 3 November 2023, 16:19 WIB
Purwacaraka, Penata Musik Film Terpuji FFB 2023.*
Purwacaraka, Penata Musik Film Terpuji FFB 2023.* /Cecep KS/Galura/

GALURA.CO.ID. – “Pikeun sim kuring, genre musik lain waé wirahmana nu ngayun-ngambingkeun rasa, instruménna betah didéngékeunana. Sajabaning kitu, ku cara ngadéngékeun jeung neuleuman musik, temahna bisa ningkatkeun IQ individu hiji jalma. Ku anteng ngadéngékeun genre musik nu rageman, jalma bisa jadi calakan, lantaran pamikiranna nu tenang, ngaronjatkeun produktivitas, ngaleungitkeun kasakit stress sistem tubuh ge jadi stabil, kadar serotonin otak jadi mingkin ngaronjat nu ngadorong kana tumuwuhna sumanget diajar jeung tumuwuhna sumanget nyieun karya dina sagala widang.”

Éta kekecapan téh ditembrakkeun ku Ir. Purwacaraka, Jumaah (27/10/2023) waktu ditalek ku Galura, saréngséna inyana narima pangajén Penata Musik Film Terpuji, pikeun film Miracle in Cell No 7, dina Féstival Film Bandung (FFB), di Téater Tertutup Taman Budaya Jawa Barat, Jl. Bukit Dago Selatan, Kota Bandung.

Ku lantaran cepeng pageuh kana kayakinanana, ieu panata jeung komposer musik téh moal incah balilahan rék tetep hirup dina dunya musik. “Lian ti ngaran sim kuring nu nanjung alatan kreativitas hirup dina musik, sim kuring masihan nafkah ka kulawarga gé salami ieu pan tina musik,” pokna.

Baca Juga: Film jeung Narafilm Terpuji Festival Film Bandung Ka-36 Taun 2023

Alatan tina musik, ngaran Purwacaraka salila ieu  ngabelesat ka awun-awun. Catur rangga gaul hirup dina musik, geus nempatkeun ngaran Purwa –kitu nénéhna—minangka panata musik petingan di tingkat Nasional tepi ka tingkat internasional. Orkéstra nu dipingpin ku Purwa remen manggung di mancanagara. Matakna, saking ku padetna jadmal manggung, Purwa sok ati-ati pisan mun rék nyieun jangji wawancara atawa aktivitas séjénna. “Bilih pagedrug sareng jadwal manggung, matakna abdi tara waka jangji téh. Pami jangji, heug  bolay, engké janten kuciwa,” pokna.

Ngaran dirina nu geus kawilang nanjung, teu ieuh ngarobah watek dirina nu teu weléh handap asor, hirup campur gaul jeung sasama. “Dina campur gaul mah sim kuring tara ngawatesanan, sareng sasaha gé moal baha, malih rumaos tina campur gaul éta abdi seueur mendakan ide kanggo kapentingan kreativitas musik,” pokna.

Malahmandar aya nu neruskeun lacak dirina, tepi ka kiwari Purwa geus muka 80 cabang sakola musik nu sumebar di sakuliah Nusantara. Ngaranna, Purwacaraka Music Studio (PCMS), munggaran diadegkeun taun 1988.

“Lian ti nyiptakeun insan-insan musik nu poténsial jeung unggulan, udagan PCMS milu ngatik anak bangsa sangkan jadi manusa-manusa nu cerdas dina sagala rupa widang profési, pamiangan kacerdasanna diasah tina resepna ngagugulung musik jeung kréativitas senina,” pokna.

Baca Juga: Festival Film Bandung (FFB), Festival nu Ngahudang Jati Diri Bangsa

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x