Longser ‘Benclang-Benclung’ Bandoengmooi, Kritikan keur Calon Pamingpin

- 7 November 2023, 12:55 WIB
Longser “Benclang-Benclung” nu dipagelarkeun di Galeri Pusat Kebudayaan (GPK), Jalan Naripan No. 7 - 9, Kota Bandung, Saptu, 4 November 2023.*
Longser “Benclang-Benclung” nu dipagelarkeun di Galeri Pusat Kebudayaan (GPK), Jalan Naripan No. 7 - 9, Kota Bandung, Saptu, 4 November 2023.* /Hermana HMT/Bandoengmooi/

GALURA.CO.ID. - UPTD Pengelolaan Kebudayaan Daerah Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Jawa Barat rukun gawé Komunitas Budaya Bandoeng Mooi magelarkeun seni longser “Benclang-Benclung” di Galeri Pusat Kebudayaan (GPK) atawa Gedong YPK, Jalan Naripan No. 7 - 9, Kota Bandung, Saptu, 4 November 2023.

Sutradara Longser Bandoengmooi, Hermana HMT, nétélakeun, éta pagelaran téh diayakeun pikeun tarékah pemanfaatan ruang publik saperti GPK minangka tempat kagiatan budaya anu dipiharep bisa ngadorong kamajuan budaya jeung pariwisata di Jawa Barat.

“GPK anu kawitna disebat YPK (Yayasan Pusat Kebudayaan, -Red.) mangrupi wangunan bersejarah anu kapungkurna jadi puseur kagiatan budaya di Kota Bandung. Ieu puseur kagiatan budaya téh tos ngagelarkeun seniman sareng budayawan anu ngalegénda di dunya seni budaya tingkat nasional,” ceuk Hermana.

Numutkeun Hermana, ku mingkin majuna téknologi bakal mangaruhan kahirupan masarakat kota, ku lantaran budaya ti luar mingkin rupa-rupa (baragem). Atuh alih-fungsi gedong kasenian jadi tempat serbaguna tepi ka kawatesanan pisan pikeun aksesna. Kitu deui budaya digital nu asup ka rohang pribadi kacida kuatna, balukarna gedong-gedong kasenian ditaringgalkeun ku palaku seni (seniman) jeung aprésiatorna.

Baca Juga: Kasad Ngaluuhan Deklarasi Pemilu Damai 2024 Provinsi Jawa Barat di Kabupaten Ciamis

“Sagédéngeun éta, gedong-gedong kasenian jadi sepi ku margi seueur palaku seni pertunjukan milih rohang publik lianna anu dianggap langkung répréséntatif dina ngasongkeun karyana. Dunya televisi sareng téknologi digital tos jadi rohangan anyar tempat makarya sarta ngaaprésiasikeun karyana ka publik nu langkung lega, teu kawatesanan ku waktu katut rohang, malah langkung caket, teu kedah tebih-tebih mios ka gedong kasenian,” ceuk Hermana deui.

Pikeun mulangkeun deui karep masarakat sangkan nyaksian langsung rupa-rupa pintonan seni di gedong kasenian nu aya di Kota Bandung, tangtuna kudu aya rasa miduli ti pihak nu ngokolakeun (pengelola) gedong éta sorangan pikeun ngahirupkeun deui gedong kasenian minangka rohang kréativitas masarakat seni.

“Ku kituna, gedong kasenian jadi ramé deui, masarakat seni digampilkeun dina ngumumkeun karya-karyana. Atuh aprésiator gé sumanget deui nyumpingan gedong-gedong kasenian. Tah, pagelaran Longser Bandoengmooi mangrupi tarékah ti pangurus GPK, dina hal ieu UPTD Pengelolaan Kebudayaan Daerah Disparbud Jabar, kanggo mulangkeun fungsi tur mekarkeun wangunan GPK minangka tempat kagiatan budaya sakaligus ngaronjatkeun gaérah pariwisata berbasis seni di Jawa Barat,” cenah.

Baca Juga: Bebegig Sukamantri Seni Helaran Has Ciamis Jadi Kesenian Has Malausma Kabupaten Majalengka? 

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah