‘Pahlawan Kabeurangan’, Kritik Sosial Longser Bandoengmooi

- 1 September 2023, 13:27 WIB
Adegan salasahiji pintonan longsér garapan Longser Bandoengmooi.*
Adegan salasahiji pintonan longsér garapan Longser Bandoengmooi.* /Dok. Hermana HMT/

GALURA – Poé ieu, Jumaah, 1 Séptémber 2023, pk. 19.30 WIB, Komunitas Budaya Bandoengmooi Kota Cimahi baris magelarkeun seni longsér “Pahlawan Kabeurangan”.

Ieu longsér nu dipagelarkeun di buruan Bengkel Kreatif Bandoengmooi, Jl. Babakan Loa No. 3B, RT 02 RW 07, Kel. Pasirkaliki, Kec. Cimahi Utara, Kota Cimahi, Jawa Barat, téh diancokeun pikeun ngareuah-reuah Milangkala ka-78 Kamerdékaan Republik Indonesia.

Ketua Yayasan Kebudayaan Bandoeng Mooi anu ogé pembina Longser Bandoengmooi, Hermana HMT, nyebutkeun, ieu kagiatan sakabéhna ngaubkeun murid-murid Sekolah Menengah Kejuruan Negeri (SMKN) 10 Bandung anu ngayakeun residensi di Bandoengmooi.

“Lian ti miéling Milangkala ka-78 Kamerdékaan RI, ieu pintonan longsér téh mangrupi ajang evaluasi kanggo 10 murid SMKN 10 Bandung anu ngayakeun residensi salami 3 sasih, ti kawit 24 Juli dugi ka 17 Oktober 2023,” ceuk Hermana.

Éta murid-murid SMKN 10 anu ngayakeun residensi téh, ceuk Hermana, diarahkeun sangkan bisa némbongkeun/ngawujudkeun hasil prosés kréatif babarengan di Bandoengmooi dina wangun pintonan seni longsér.

Baca Juga: Jadwal Manggung Dalang Dadan Sunandar Sunarya Putra Giri Harja 3 Bulan September 2023

Baca Juga: Baim Wong Raup Omzet Rp600 Juta dalam 2 Jam Saat Jajal Shopee Live Perdananya

“Ku arahan ti para tutor, aranjeunna dibina kanggo ngamekarkeun kamampuh kognetif jeung nonkognetif-na. Sabada 6 minggu prosés, diayakeun evaluasi tahap munggaran liwat diagnotik kognetif jeung diagnotik nonkognetif, kalawan mintonkeun seni longsér katut wawancara atawa tés tinulis,” pokna.

Diagnotik kognetif ngawengku indentifikasi capaian kompetensi maranéhna salila residensi. Ari diagnotik nonkognetif mah ngawengku analisa permasalahan psikologi jeung sosial anu disanghareupan ku maranéhna.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x