Pokalna Teater Sunda Kiwari, Festival Drama Basa Sunda Digelar deui 7 – 13 Agustus Ieu

- 6 Agustus 2023, 16:06 WIB
Dodi Eka Pratama (tengah), Panaséhat Téknis FDBS XXI/Déwan Pangaping Teater Sunda Kiwari, keur méré arahan ka para patandang FDBS XXI dina gempungan téknis, sawatara waktu ka tukang. Gédéngeunana, Pupuhu Panata Calagara, Aam Zaman (kadua ti kénca).*
Dodi Eka Pratama (tengah), Panaséhat Téknis FDBS XXI/Déwan Pangaping Teater Sunda Kiwari, keur méré arahan ka para patandang FDBS XXI dina gempungan téknis, sawatara waktu ka tukang. Gédéngeunana, Pupuhu Panata Calagara, Aam Zaman (kadua ti kénca).* /Dok. TSK/

SABADA 3 taun (2020 - 2023) reureuh alatan sasalad pandemi, Teater Sunda Kiwari (TSK) ngagelar deui “Festival Drama Basa Sunda” (FDBS) tingkat Pelajar sa-Jawa Barat. Diayakeun ti taun 1990, ieu FDBS XXI téh baris lumangsung di Gedong Kasenian (GK) Rumentang Siang, Jalan Baranangsiang No 1, Kosambi, Bandung, Senén – Minggu, 7 – 13 Agustus 2023.

Saméméh pandemi, FDBS Pelajar (FDBSP) nu pamungkas diayakeun taun 2019, nyaéta FDBS XX, diiluan ku 45 grup/patandang. “Ku margi ayeuna patandang téh diwatesanan jumlahna, FDBS XXI ieu mah mung diiluan ku 13 grup,” ceuk Dodi Éka Pratama, salasaurang panaséhat téknis FDBS XXI, anu oge Dewan Pangaping TSK.

Éta grup nu 13 téh, nyaéta Teater Tambang (SMA Bina Muda Cicalengka, Kab. Bandung), Teater Kashva (SMAN 1 Parungkuda, Sukabumi), Famor Theater (SMAN 1 Soreang, Kab. Bandung), Teater Ananta (SMK Ma'arif Terpadu Cicalengka, Kab. Bandung), Teater Langka (SMA Negeri 1 Cicalengka, Kab. Bandung), Teater Smadasa (SMAN 1 Dayeuhkolot, Bandung), Teater Wanci (SMA PGRI Cicalengka, Kab. Bandung), Teater Senapati (SMA Pasundan 3, Bandung), Teater Gawe (SMKN 3 Tasikmalaya), Teater Tasbe (SMAN 1 Baleendah, Bandung), Teater Gulamsaka (SMA Negeri Tanjungsari, Sumedang), Larva Teater (SMK TIK Yadika Cicalengka, Kab. Bandung), jeung Teras Teater (SMAN 1 Rancaekek, Kab. Bandung).

Baca Juga: Head Line Galura Cetak I Agustus 2023, Hari Sungai Nasional Tarekah Nyalametkeun Walungan

Para patandang Festival Drama Basa Sunda (FDBS) XXI tingkat Pelajar sa-Jawa Barat, ti masing-masing grup teater, dipotrét sabada gempungan téknis, sawatara waktu ka tukang.*
Para patandang Festival Drama Basa Sunda (FDBS) XXI tingkat Pelajar sa-Jawa Barat, ti masing-masing grup teater, dipotrét sabada gempungan téknis, sawatara waktu ka tukang.*

Drama anu baris dipagelarkeun ku patandang dina FDBSP téh dipilih hiji tina 5 naskah nu disadiakan ku panitia, nyaéta Karunya si Mamah (karya Nazarudin Azhar), Parna (Ayi G. Sasmita), Sasandiwaraan (Arthur S. Nalan), Satampah Lemah (Lugiena Dé), jeung Tarung Pamungkas (Dhipa Galuh Purba).

Girang pangajén nu diwengku ku Rinrin Candraresmi, Iwan Setiawan (Iwan Loncéng), jeung Rosyid E Abby bakal milih "Pinunjul" (Terbaik) pikeun kategori aktor, aktris, panata artistik, panata musik, sutradara, katut pementasan.

“Pinunjul pementasan atanapi pementasan terbaik gé malah mah sanés ukur hiji, sanés Pementasan I wungkul, tapi ogé aya Pinunjul Pementasan II sareng III. Janten, sadayana aya 9 kategori anu diunggulkeun. Drama/teater mah mémang lega pisan wengkuanana. Éta margina teater disebat kerja ensamble, margi unggal unsur aya pakuat-pakaitna, aya gawé bareng antara éta unsur-unsur. Ku kituna, ku ayana ieu festival, para pelajar tiasa diajar berorganisasi,” ceuk Rinrin Candraresmi, anu dina acara panutup engké, 13 Agustus 2023, magelarkeun drama karyana, Sora-sora Jeroning Sirah.

Rinrin ngadadarkeun, salila ieu aya sawaréh masarakat anu ngangluh jeung masualkeun, yén nu maraké basa Sunda téh mingkin ngurangan, utamana di kalangan generasi ngora. “Teater Sunda Kiwari tos ngabuktikeun, sumanget ngagunakeun basa indung teras ditarékahan sangkan tetep tumuwuh di kalangan generasi ngora,” ceuk Rinrin.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x