Jadwal Giriharja 3 Putra Dalang Yogaswara Sunandar Bulan Agustus 2023, Mindeng Manggung di Kabupaten Subang

- 6 Agustus 2023, 09:15 WIB
Bulan Agustus 2023, jadwal Giriharja 3 Putra Yogaswara Sunandar kerep pisan. Di Kabupaten Subang manggung 8 kali (poto ig@yogaswarasunandaer).
Bulan Agustus 2023, jadwal Giriharja 3 Putra Yogaswara Sunandar kerep pisan. Di Kabupaten Subang manggung 8 kali (poto ig@yogaswarasunandaer). /

GALURA – Salila bulan Agustus 2023, jadwal Giriharja 3 Putra mindeng manggung di Kabupaten Subang. Yogaswara Sunandar pagelaran di Kabupaten Subang dalapan kali.

Salian ti di Kabupaten Subang tina jadwal Giriharja 3 Putra, Yogaswara Sunandar dina bulan Agustus 2023 pagelaran di Sumedang, Majalengka, Indramayu, Karawang, Sukabumi, Kabupaten Tasikmalaya, Cianjur, Kabupaten Bandung, Kota Bandung jeung di Kota Cimahi.

Bulan Agustus 2023, jadwal Giriharja 3 Putra panggungana kerep pisan. Perena ngan lima poe. Ti tanggal 12 tepi ka 30 Agustus 2023 Yogaswara Sunandar, salasaurang seuweu Asep Sunandar Sunarya, pagelaranana noro, henteu kaselang ku pere.

Baca Juga: Jadwal Dalang Dadan Sunandar Sunarya Putra Giri Harja 3 Bulan Agustus 2023

Baca Juga: Wayang

Baca Juga: Galeri Abah Djani di Museum Wayang Purwakarta, Wayang Golek Wanda Purwakarta

Tina jadwal Giriharja 3 Putra, dina bulan Agustus 2023, Yogaswara Sunandar munggaran manggung di Desa Sidamukti, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka (02/08/2023).

Ti Majalengka, Yogaswara Sunandar manggung di Desa Ciamanggu, Kecamatan Ngamprah, Kabupaten Bandung Barat (03/08/2023). Pere sapoe, manggung deui tilu peuting noron di Kabupaten Subang (5,6,7 Agustus 2023): di Desa Leles Kecamatan Sagalaherang; Desa Palasari Kecamatan Ciater, jeung; di Desa Cisaga Kecamatan Cibogo..

Sabada teu manggung sapoe, Yogasawara Sunandar pagelaran deui di Kabupaten Subang, dua peuting noron: di Desa Gunungsembung, Kecamatan Pagaden jeung di Desa Nagrak, Kecamatan Ciater.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah