Jadwal Manggung Dalang Dadan Sunandar Sunarya Putra Giri Harja 3 Bulan September 2023

- 1 September 2023, 06:58 WIB
Dina bulan September 2023 dalang Dadan Sunandar Sunarya Giri Harja 3 manggung 14 kali, sarta saminggu di Korea Selatan.
Dina bulan September 2023 dalang Dadan Sunandar Sunarya Giri Harja 3 manggung 14 kali, sarta saminggu di Korea Selatan. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bulan September 2023 jadwal manggung dalang Dadan Sunandar Sunara ti padepokan Putra Giri Harja 3 teu pati kerep, teu saperti bulan Agustus 2023. Kituna teh lantaran bulan September 2023 meneran bulan Safar nu dina bulan ieu arang nu hajat.

Dadan Sunandar Sunarya jeung padepokanana Putra Giri Harja 3 dina bulan September 2023 jadwal manggung 14 kali. Munggaran pagelaran tanggal 1 September 2023 di Kantor Kecamatan Jatinunggal Kabupaten Sumedang.

Dumasar daftar jadwal manggung nu dikaluarkeun ku manajemenna, tanggal 2 September 2023, Dadan Sunandar Sunarya pagelaran Desa Panambangan Kidul, Kecamatan Sodong Kabupaten Cirebon. Kru Putra Giri Harja 3 ti Sumedang langsung ka Cirebon, nataharkeun panggungan.

Baca Juga: Galura Cetak I September 2023, Ngaguar Live Streaming Wayang Golek jeung Wayang Kulit

Ti Cirebon Dadan Sunandar Sunarya manggung di Desa Sukamulya, Kecamatan Cikadu, Kabupaten Cianjur (4 September 2023), terus ka Sukabumi (6 September 2023).

Ti dinya Putra Giri Harja 3 manggung di Karawang (8 September 2023), laju di Majalengka (9 September 2023), di Losari Kabupaten Brebes Jawa Tengah (11 September 2023).

Jadwal manggung Dadan Sunandar Sunarya Putra Giri Harja 3.
Jadwal manggung Dadan Sunandar Sunarya Putra Giri Harja 3.

Manggung deui di Kabupaten Bekasi, Kabupaten Subang, Kabupaten Kuningan dina raraga milangkala Kabupaten Kuningan (15 September 2023). Putra Giri Harja 3 terus manggung  di Kabupaten Bandung, Kabupaten Karawang, Kabupaten Bohor.

Tanggal 22 September 2023, Putra Giri Harja 3 manggung di Desa Munjul, Kecamatan Astanajapura, Kabupaten Cirebon. Dina ieu pagelaranana Dadan Sunandar Sunarya kolaborasi jeung wayang kulit. Bintang tamuna Dedi Mulyadi, Sule jeung Ohang.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah