Jadwal Midang Patandang Festival Drama Basa Sunda XXI tingkat Pelajar sa-Jawa Barat

- 6 Agustus 2023, 16:27 WIB
Jadwal midang para patandang Festival Drama Basa Sunda XXI tingkat Pelajar sa-Jawa Barat.*
Jadwal midang para patandang Festival Drama Basa Sunda XXI tingkat Pelajar sa-Jawa Barat.* /

GALURA - Teater Sunda Kiwari (TSK) mimiti poé Senén, 7 Agustus 2023, tepi ka poé Minggu, 13 Agustus 2023, baris ngagelar “Festival Drama Basa Sunda” (FDBS) tingkat Pelajar sa-Jawa Barat. Éta kapidangkeun jadwal midangna. 

Ieu festival nu diiluan ku 13 grup patandang téh, baris lumangsung di Gedong Kasenian (GK) Rumentang Siang, Jalan Baranangsiang No 1, Kosambi, Bandung.

Girang pangajén Rinrin Candraresmi, Iwan Setiawan (Iwan Loncéng), jeung Rosyid E Abby bakal milih "Pinunjul" (Terbaik) pikeun kategori Aktor, Aktris, Panata Artistik, Panata Musik, Sutradara, katut Pementasan I, II, jeung Pementasan III.

Parapinunjulna baris dibéwarakeun dina acara panutup, Minggu (13/8, pk. 19.00), sabada pintonan drama Sora-sora Jeroning Sirah, naskah/sutradara Rinrin Candresmi.***

Baca Juga: Pokalna Teater Sunda Kiwari, Festival Drama Basa Sunda Digelar deui 7 – 13 Agustus Ieu

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x