Galura Cetak I September 2023, Ngaguar Live Streaming Wayang Golek jeung Wayang Kulit

- 29 Agustus 2023, 18:00 WIB
Galura cetak I September 2023 ngaguar live streaming pagelaran  wayang golek jeung wayang kulit .
Galura cetak I September 2023 ngaguar live streaming pagelaran wayang golek jeung wayang kulit . /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID –Galura cetak I September 2023, medal Rebo, 30 Agustus 2023, dina head linena ngaguar kiwari dalang wayang golek jeung wayang kulit dina pagelaranana sok live streaming dina chanel youtubena sewang-sewangan.

Dina Galura cetak I September 2023 ditetelakeun dina live streaming boh wayang golek boh wayang kulit loba pisan nu lalajona, ngarebu, malah tepi ka puluhan rebu. Mangtikel-tikel dibandingkeung jeung nu lalajo langsung ka tempat pagelaranana.

Dina live streaming wayang golek jeung wayang kulit, chat teu sirikna ngaburudul. Anu chat loba nu dumukna jauh ti tempat pagelaran, malah mah beda pulo. Kitu nu didadarkeun dina Galura cetak I September 2023, di kaca (halaman) 1.

Baca Juga: PKM FISIP Unpas Bandung Ngarojong Kamekaran Rumah Madu di Cihanjuang KBB

Tina kituna dalang wayang kulit jeung dalang wayang golek ayeuna mah daek teu daek kudu jadi youtuber, kudu ngamangpaatkeun teknologi informasi, ngarah nu lalajona teu kaiket ku ruang jeung waktu.

Urang Sunda jeung urang Sunda loba nu ngalumbara ka di daerah sejen, boh masih di Pulo Jawa boh di luar Pulo Jawa. Nu mikacinta kana seni wayang bisa lalajo langsung dina live streaming pagelaran wayang.

Live streaming dalang Dadan Sunandar Sunarya, Senen 28 Agustus 2023., jumlah nu lalajona 76 rebu.
Live streaming dalang Dadan Sunandar Sunarya, Senen 28 Agustus 2023., jumlah nu lalajona 76 rebu.

Memang lalajo live streaming wayang, bakal beda jeung lalajo langsung di tempat pagelaranana. Moal bisa interaksi langsung jeung nu pada-pada lalajo, moal ngarasakeun nimatna cikopi, bagjigur, dahar di tukang dagang sabot ngabandungan pagelaran wayang.

Urang oge teu bisa nitenan kaparigelan daklang dina ngamaenkeun wayang, teu bisa nitenan riweuhna asisten dalang nu milihan wayang nu rek dipaenkeun ku dalang, kumaha riweuhna ngasongkeun wayang nu rek dipaenkeun di luhur gebog cau.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah